urang_cupumanik anu ku simkuring di pihormat. 1.dina http://ppss.or.id/program-ppss/peringatan-hari-bahasa-ibu-internasional-2008/ , ongkoh urang teh bade ngariksa basa sunda tapi geuning bahasa panganteur utama na mamalayuan.(teu konsisten ceuk kuring mah). 2.salajengna sateu acan mairan anu langkung tebih deui, kuring hayang apal tos sabaraha kali kagiatan sapertos kieu diayakeun, nu kuring apal mah taun kamari parantos dilaksanakeun di UNPAD oge, naon wae garapan unggal periodeu teh, naha aya "tali anu nganteng". jst. 3.Naon gunana lamun nu ngaku urang Sunda nyarios basa Sunda?
hatur nuhun baktos sonirosa www.bolotot.com ----- Original Message ----- From: urang_cupumanik To: [email protected] Sent: Friday, January 04, 2008 12:00 AM Subject: [Urang Sunda] Mapag Poé Basa Indung (BASA SUNDA) Internasional 2008 Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS), gawé bareng sareng Universitas Padjadjaran, badé ngayakeun deui acara Miéling Poé Basa Indung Internasional, ping 21 Pébruari 2008. Kamari tos ngobrol sareng Kang Ganjar perkawis kagiatanana. Manawi aya kamandang ti urang Kusnét kinten-kinten kagiatan naon waé nu payus kanggo ngeusian éta acara. Maksad téh supados sanés ngan sérémonial wungkul, tapi aya tapakna. Pangpangna mah supados aranjeunna nu ngaku urang Sunda nyararios basa Sunda. Informasina tiasa ditingal di dieu. Hatur nuhun, Dadan Sutisna

