BK kantos ngayakeun program beasiswa kang. Malah BJ Habibie sakola ka Aachen
jerman oge sabagian danana tina beasiswa program BK-harita BJH karek sataun
kuliah di ITB (tpb keneh cigana). Cenah harita beasiswa pikeun nyitak
insinyur laut jeung udara alatan indonesia mah apan nagara kapulauan. Aya
deui beasiswa ka eropa timur (uni sovyet) harita RI nuju condong ka dinya.
Gan Willy Wirantaprawira-kawit ti tasik (aya di wirantaprawira.net) sakola
ka Uni Sovyet alatan kenging beasiswa ti BK. Oge puluhan pamuda
sanesna-kalebet ti tangtara-asana gan Aang Kunaefi oge kenging tambahan
atikan kamiliteran ti uni sovyet. Nu sakola di blok timur, sapalih teu uih
alatan peristiwa g 30 s tea. Sieun disangka pro-komunis alatan sakola di
nagara komunis, padahal teu kitu. Lalakon gan Willy Wirantaprawira diadopsi
jadi tokoh Agus Irianto di novel Epigram. 

Solusi eta -disita kakayaanana- persisna siga urang ka urang wetan dina
kasus bubat: forgive but not forget.

Nu geuleuh teh pernyataan hms dina bukuna, pikiran, ucapan dan tindakan
saya, cenah teh, "bangsa urang mah teu loba kahayang, teu macem-macem,
jst..." dianggapna barodo bae siga baheula cigana teh. Manehna makmak mekmek
numpuk kakayaan jeung kakuasaan bari masang ideologi pancasila
dihareupeunana pikeun saha bae nu ngeritik siga kelompok petisi 50, nu
diantarana bang ali.

Generasi kahareup kudu rancage jeung kritis. Ulah nepi ka ieu nagara nu
meunang cape kolot baheula oge walanda -sanajan kabacana ngajajah, sabanerna
mah oge ngahijikeun- murag deui ka pamingpin model kitu. Cigana aya dina
amandemen UUD 45, jabatan presiden paling lila dua kali masa jabatan.

-----------

Beasiswa supersemar- pedah wae dirilis di jaman orba anu salah sahiji 
pusakana "supersemar" tea. Lamun seug BK masih keneh jadi Presiden, 
tur purati ngarengsekeun status politik hubungan LN Indonesia harita, 
laju ngarambah kana ngawangun ekonomi jeung pendidikan, asana kudu 
pisan BK oge ngaluarkeun beasiswa.

Leupas tina pasoalan "hutang" kahadean, oge dosa-dosa anu kungsi 
marentah, jsb, ari ngadu'akeun anu teu damang mah sae wae. Si kuring 
oge milu ngadu'akeun, pamugi Pak Harto geura enggal kenging katetepan 
anu sae keur inyana oge keur sakabeh warga masyarakat, saeutikna: 
keur mayoritas warga ieu bangsa. 

Ngan lamun dipenta milih antara ngahukuman anjeunna atawa ngahampura, 
pilihan kuring mah: ngahampura kalawan catetan sabagean gede hartana 
dibalikeun deui pikeun ngomean ieu nagara atawa abudaya bangsa anu 
keur sakitu nyirorotna. Utamana, anu pangeulana kudu meunang tina eta 
harta teh nyaeta kulawarga aranjeunna anu kungsi didzoliman di 
zaman/ku Pamarentahan Orba, model "korban orang hilang" tea. Sakumaha 
gedena harta inyana anu kudu dibalikkeun jeung kumaha proses 
malikeunana, ieu anu sakuduna diputuskeun ku hukum atawa hukum 
agamana. Wallohu a'lam.

manAR 
 
    

Kirim email ke