Asana soal beasiswa mah - jembarna jaminan pendidikan ti Pamarentah -
eta mah geus kawajiban Pamarentah, saha wae Pamarentahna. Apan salah
sahiji tujuan diadegkeunana nagara oge nya keur minterkeun rahayat,
supaya teu gampang dibobodo ku bangsa lian atawa ku...papada bangsa
sorangan.
Satemenna mataholang ieu padungdengan bisa ditarik kana jejer anu
leuwih jero, khususna lamun dikaitkeun kana pasoalan kahadean vs
kakawasaan (Pamarentahan), nyaeta: heula mana (baca: anu mana anu
kudu diheulakeun) antara kahadean jeung kaadilan?. Lamun disaliksik
nepi ka sedongna, hanjakal (ngagunakeun kecap "hanjakal" di dieu mah
lain dina harti anu saujratna) kaadilan heula anu kudu diheulakeun
teh. Naon sababna?
Sabab, per definisi, nyieun kahadean mah eta laku ngaluarkeun hiji
hal (tindakan atawa rajakaya) tina tempatna, sedengkeun nyieun
kaadilan mah ngawangsulkeun hiji perkara kana tempatna anu sakuduna.
Kaadilan kudu diheulakeun, sabab hiji hal memeh dikaluarkeun teh
tangtu kudu jinek heula dina tempatna (sakumna rahayat kudu nyakseni
yen eta perkara teh geus jinek heula dina tempatna, hartina: adil;
karek bisa dikaluarkeun salaku kahadean).
Sajarah teu saeutik nyatet pagawean anu harita keur ngawasa (raja
atawa pimpinan pamarentahan) anu kawilang hade, tapi dina mangsa anu
sarua eta pangawasan teh kacida kejemna ka rahayatna; atawa
samemehna, eta harta kakayaan keur nyieun kahadean teh meunang
ngumpulkeun ku cara-cara anu jauh tina kaadilan. Hartina: kahadeana
henteu nyumber tina kaadilan.
Di nagri timur tengah ayeuna, di jaman pamarentahan salah saurang
dinasti katurunan khalifah, baheula kungsi aya raja anu nyieun sarana
cai keur rahayat. Tapi, eta biaya keur nyieun pancuran-pancuran cai
teh meunang tina sarupaning upeti-upeti ti karajaan2 bawahana. Meh
sarimbag di jaman orba, dugdeg masjid anu diadegkeun ku yayasan
kagungan anu kawasa harita, tapi....timana eta duit atawa rajakaya
yayasan? Naha geus jelas status hukumna sumber-sumber penghasilan eta
yayasan? Saeutikna: wallohu'alam, gedena -sakumaha anu mindeng
diobrolkeun ku rahayat: geus pada uninga ieuh.
Beasiswa supersemar- pedah wae dirilis di jaman orba anu salah sahiji
pusakana "supersemar" tea. Lamun seug BK masih keneh jadi Presiden,
tur purati ngarengsekeun status politik hubungan LN Indonesia harita,
laju ngarambah kana ngawangun ekonomi jeung pendidikan, asana kudu
pisan BK oge ngaluarkeun beasiswa.
Leupas tina pasoalan "hutang" kahadean, oge dosa-dosa anu kungsi
marentah, jsb, ari ngadu'akeun anu teu damang mah sae wae. Si kuring
oge milu ngadu'akeun, pamugi Pak Harto geura enggal kenging katetepan
anu sae keur inyana oge keur sakabeh warga masyarakat, saeutikna:
keur mayoritas warga ieu bangsa.
Ngan lamun dipenta milih antara ngahukuman anjeunna atawa ngahampura,
pilihan kuring mah: ngahampura kalawan catetan sabagean gede hartana
dibalikeun deui pikeun ngomean ieu nagara atawa abudaya bangsa anu
keur sakitu nyirorotna. Utamana, anu pangeulana kudu meunang tina eta
harta teh nyaeta kulawarga aranjeunna anu kungsi didzoliman di
zaman/ku Pamarentahan Orba, model "korban orang hilang" tea. Sakumaha
gedena harta inyana anu kudu dibalikkeun jeung kumaha proses
malikeunana, ieu anu sakuduna diputuskeun ku hukum atawa hukum
agamana. Wallohu a'lam.
manAR
--- In [email protected], Aschev Schuraschev
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Urang nyaah ka batur teh panginten da batur nyaah kaurang. Kitu,
sanes? Dina hal beasiswa, kaleresan sim kuring mah henteu kantos
ngaraoskeun kanyaah aki Ato atanapi supersemarna. Anu karaos ku sim
kuring harita ngan kangewa (jigana efek tina OS anu dilakukeun ku
Himpunan Mahasiswa waktos kuliah, sanaos henteu kantos janten aktivis
kampus). Waktos anjeunna lengser keprabon (rarasaeun jadi raja, make
istilah kitu sagala), harita mung ningali tina tivi di Nashville,
Tennesse, langsung luncat bari surak jeung babaturan teras sujud
sukur.
>
>
> ----- Original Message ----
> From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, January 16, 2008 5:24:19 PM
> Subject: [Urang Sunda] suharto, supersemar jeung surili
>
>
>
> Keur sakola keneh, si kuring -surili rada kasep- kungsi dua taunan
meunang
> beasiswa supersemar. Enya, eta ti yayasan supersemar, kecap eta ti
surat
> perintah sebelas maret, nu teuing kamana surat aslina mah.
>
> Nu munggaran gedena beasiswa 40 rebu/bulan, terus naek, poho deui,
duka 50rb
> duka 60/bulan. Asana mah 50rebu/bulan da nu 60rb/bulan mah ti pt
INTI. Dua
> taun we pokona meunang beasiswa supersemar teh. Tapi teu dua taun
terus2an.
> harita mah meunang beasiswa teh gampang, ukur daptar -da ongkoh teu
gede.
>
>
>
>
>
______________________________________________________________________
______________
> Looking for last minute shopping deals?
> Find them fast with Yahoo! Search.
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping
>