Nu kamari, sikep pribadi salaku penerima beasiswa dua taun-bari apal biaya
pikeun ngatik bangsa teh kawajiban nagara-aya dina bubuka UUD 45 Sikep lain
nya aya dina novel epigram- ngaliwatan sikep si Kris jeung Nara. Sanajan
anak bawang, harita teh rek miluan demo2an tapi bapa di lembur nyaram,
pokna, "Wayahna, maneh mah ulah pipilueun demo. Sabab maneh anak cikal,
tuturkeuneun adi-adi maneh."  Teu pipilueun we. Rada kahibur ku adi bungsu
nu aktivis, sajanan jadi kurang rame, sabab alamna geus robah-presidenna
geus ganti.

 

Logika mssiwa si kuring harita, nu ngaran jelema jadi presiden nepi ka 32
taun mah, teu jauh ti rejim otoriter. Ongkoh si kuring kungsi ngalaman oge
'dikakaya' kelas desa, pedah make kaos beureum dina pemilu 1997. hms teu
beda ti presiden negara berkembang nu oge rejim otoriter-kalolobana tokoh
kuat mun teu jenderal oge, nu didukung tangtara.  

 

Dosana nu utamana ka rahayat bangsa jeung nagara, eta soal rejim eta.
Ngalanggengkeun kakuasaan ku cara teu sah. Sanajan siga sah: dipilih ku mpr,
make tap mpr, tapi anggota dpr kabeh sasatna diatur manehna. 

 

Do'ana diaminan kang heuheu

  _____  

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Aschev Schuraschev
Sent: Wednesday, January 16, 2008 9:23 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] suharto, supersemar jeung surili

 

Urang nyaah ka batur teh panginten da batur nyaah kaurang. Kitu, sanes? Dina
hal beasiswa, kaleresan sim kuring mah henteu kantos ngaraoskeun kanyaah aki
Ato atanapi supersemarna. Anu karaos ku sim kuring harita ngan kangewa
(jigana efek tina OS anu dilakukeun ku Himpunan Mahasiswa waktos kuliah,
sanaos henteu kantos janten aktivis kampus). Waktos anjeunna lengser
keprabon (rarasaeun jadi raja, make istilah kitu sagala), harita mung
ningali tina tivi di Nashville, Tennesse, langsung luncat bari surak jeung
babaturan teras sujud sukur.

 

Saleresna sim kuring oge kantos kenging beasiswa, nyaeta ti Yayasan Padamu
Negeri pingpinan pa Siswono Yudohusodo. Nyaeta nu asih mah dipulang asih.
Beut muncul kanyaah ka pa Siswono. Waktos anjeunna nyalonkeun diri janten
cawapres pasanganana Amin Rais, hate ngadu'a supados anjeunna tinekanan
janten wapres, padahal mah can kantos paamprok jonghok, ngan pedah gara-gara
beasiswa.

 

Wangsul deui ka aki Ato, muhun, ayeuna mah urang ngadua'a wae supados enggal
sehat atanapi enggal dipundut upami ata anu langkung sae.

 

 

 

  _____  

Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try
<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http:/mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8H
DtDypao8Wcj9tAcJ%20>  it now.  

Kirim email ke