Halow, kang Dede... ti ciamis euy, sarua atuh? (lulus SMA taun sabaraha, kuring taun 65, SMA 79 he.he..). make jeung meunang supersmar sagala ruap yeuh, berarti kang Dede mah rada pinter, kuring mah inget meunang samodel kitu teh jadi juara kelas keur SD, menang hadiah lima siki buku tuluis Letjes, jilid pulas bulao, he..he... cigana eta tah prestasi puncak kuring mah. ngumbara di semarang ti iraha kang? kuring oge kungsi ngumbara di jogja 1989-1995.
meungpeung akang keur nineung ka lembur, kuing rek promosi ka akang. cobi longok www.bolotot.com hatur nuhun sonirosa www.bolotot.com ----- Original Message ----- From: dede solehudin To: [email protected] Sent: Sunday, January 20, 2008 12:12 AM Subject: Re: [Urang Sunda] suharto, supersemar jeung surili kuring kungsi tilu kali meunang beasiswa supersemar teh... basa keur SMA jeng kamari basa kuliah, lumayan dipake mayar SPP... Pada tanggal 18/01/08, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> menulis: Nuhun Mj, kuring dingetkeun deui perkara beasiswa anu geus dipedalkeun di jaman/ku BK. Bari kituna teh dina kaayaan BK keur fokus kana ngarengsekeun pasoalan badag anjeunna: tataan politik dunya harita anu dengdek teuing kana kapitalisme, satemenna anjeunna oge teu mopohokeun pasoalan minterkeun bangsana. Hasilna? kaala ku HMS nya? heuheu. Memang, sigana HMS apal pisan kana kakuatan jeung kakurangan ieu bangsa. Ngan hanjakal, pangaweruhna teh digunakeun pikeun ngawangun politik inyana sorangan anu hasilna "karasa" ku urang ayeuna. Upamana, kasus Golkar. Satemenna, ceuk nu miluan ngadegkeun Golkar, ieu organisasi teh alus niat dijieunna mah, keur nyaimbangkeun jeung memeres kaayaan politik, sangkan di Indonesia ngan ukur aya dua partei siga di Amrik. Anu hiji, nasionalis nu hiji deui partei agama (islam khususna). Tah tugas Golkar teh ngaping, utamana ka anggota mantan partei komunis sangkan milih ka salah sahiji tiantara eta dua partei. Tugas Golkar sejenna: ngusahakeun (akselerasi) sangkan bangsa Indonesia mimiti ngawangun jatidiri bangsana ku karya (luyu jeung ngaranna, "golongan karya") atawa prestasi. Hanjakal ieu ideu brilian meunang US keneh teh diselewengkeun deui wae ku inyana. Sapuk, ka hareup urang memang kudu ngawangun prestasi. Hiji amanah anu universal, boh dina agama2 samawi (amal saleh), dina budaya (upamana eusining prasasti2 Sunda, anu jelas pisan: prasasti Kawali) oge ceuk kamoderenan (merrit system, seven habits, jsb). manAR --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > BK kantos ngayakeun program beasiswa kang. Malah BJ Habibie sakola ka Aachen > jerman oge sabagian danana tina beasiswa program BK-harita BJH karek sataun > kuliah di ITB (tpb keneh cigana). Cenah harita beasiswa pikeun nyitak > insinyur laut jeung udara alatan indonesia mah apan nagara kapulauan. Aya > deui beasiswa ka eropa timur (uni sovyet) harita RI nuju condong ka dinya. > Gan Willy Wirantaprawira-kawit ti tasik (aya di wirantaprawira.net) sakola > ka Uni Sovyet alatan kenging beasiswa ti BK. Oge puluhan pamuda > sanesna-kalebet ti tangtara-asana gan Aang Kunaefi oge kenging tambahan > atikan kamiliteran ti uni sovyet. Nu sakola di blok timur, sapalih teu uih > alatan peristiwa g 30 s tea. Sieun disangka pro-komunis alatan sakola di > nagara komunis, padahal teu kitu. Lalakon gan Willy Wirantaprawira diadopsi > jadi tokoh Agus Irianto di novel Epigram. > > Solusi eta -disita kakayaanana- persisna siga urang ka urang wetan dina > kasus bubat: forgive but not forget. > > Nu geuleuh teh pernyataan hms dina bukuna, pikiran, ucapan dan tindakan > saya, cenah teh, "bangsa urang mah teu loba kahayang, teu macem- macem, > jst..." dianggapna barodo bae siga baheula cigana teh. Manehna makmak mekmek > numpuk kakayaan jeung kakuasaan bari masang ideologi pancasila > dihareupeunana pikeun saha bae nu ngeritik siga kelompok petisi 50, nu > diantarana bang ali. > > Generasi kahareup kudu rancage jeung kritis. Ulah nepi ka ieu nagara nu > meunang cape kolot baheula oge walanda -sanajan kabacana ngajajah, sabanerna > mah oge ngahijikeun- murag deui ka pamingpin model kitu. Cigana aya dina > amandemen UUD 45, jabatan presiden paling lila dua kali masa jabatan. > > ----------- > > Beasiswa supersemar- pedah wae dirilis di jaman orba anu salah sahiji > pusakana "supersemar" tea. Lamun seug BK masih keneh jadi Presiden, > tur purati ngarengsekeun status politik hubungan LN Indonesia harita, > laju ngarambah kana ngawangun ekonomi jeung pendidikan, asana kudu > pisan BK oge ngaluarkeun beasiswa. > > > manAR >

