Ari pamikiran kuring mah, lamun enya urang percaya kana kayakinan (agama) masing-masing, perkara hukuman jeung kaadilan mah keun wae eta mah urusanana Gusti Anu Maha Suci, anu pasti ngahukum pang adil-adilna. Sok sanajan sakumaha nyumputkeun kasalahan/dosa sabuni-bunina oge, pasti aya ganjaranana.
Ayeuna mah, kumaha carana sangkan anak-anakna, katut para kronina sadar sa sadar-sadarna yen sagala kalakuan anu geus dipilampah teh nyalahan jeung geus ngarugikeun pikeun majuna hiji bangsa, terus nyieun hiji sikep jeung tindakan anu jadi picontoeun (kahadean) pikeun balarea. Asana teh moal "terhina" upama urang balaka geus nyieun hiji kakaliruan anu ngabalukarkeun bangsa rek bangkrut. Raja pakaya mah tara lana, ngan amal (kahadean) jambatan ka sawarga. baktos, mrachmat uidipura amalna ngan babasaan jarang amal pakaya --- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Asana soal beasiswa mah - jembarna jaminan > pendidikan ti Pamarentah - > eta mah geus kawajiban Pamarentah, saha wae > Pamarentahna. Apan salah > sahiji tujuan diadegkeunana nagara oge nya keur > minterkeun rahayat, > supaya teu gampang dibobodo ku bangsa lian atawa > ku...papada bangsa > sorangan. > > Satemenna mataholang ieu padungdengan bisa ditarik > kana jejer anu > leuwih jero, khususna lamun dikaitkeun kana pasoalan > kahadean vs > kakawasaan (Pamarentahan), nyaeta: heula mana (baca: > anu mana anu > kudu diheulakeun) antara kahadean jeung kaadilan?. > Lamun disaliksik > nepi ka sedongna, hanjakal (ngagunakeun kecap > "hanjakal" di dieu mah > lain dina harti anu saujratna) kaadilan heula anu > kudu diheulakeun > teh. Naon sababna? > > Sabab, per definisi, nyieun kahadean mah eta laku > ngaluarkeun hiji > hal (tindakan atawa rajakaya) tina tempatna, > sedengkeun nyieun > kaadilan mah ngawangsulkeun hiji perkara kana > tempatna anu sakuduna. > Kaadilan kudu diheulakeun, sabab hiji hal memeh > dikaluarkeun teh > tangtu kudu jinek heula dina tempatna (sakumna > rahayat kudu nyakseni > yen eta perkara teh geus jinek heula dina tempatna, > hartina: adil; > karek bisa dikaluarkeun salaku kahadean). > > Sajarah teu saeutik nyatet pagawean anu harita keur > ngawasa (raja > atawa pimpinan pamarentahan) anu kawilang hade, tapi > dina mangsa anu > sarua eta pangawasan teh kacida kejemna ka > rahayatna; atawa > samemehna, eta harta kakayaan keur nyieun kahadean > teh meunang > ngumpulkeun ku cara-cara anu jauh tina kaadilan. > Hartina: kahadeana > henteu nyumber tina kaadilan. > > Di nagri timur tengah ayeuna, di jaman pamarentahan > salah saurang > dinasti katurunan khalifah, baheula kungsi aya raja > anu nyieun sarana > cai keur rahayat. Tapi, eta biaya keur nyieun > pancuran-pancuran cai > teh meunang tina sarupaning upeti-upeti ti karajaan2 > bawahana. Meh > sarimbag di jaman orba, dugdeg masjid anu diadegkeun > ku yayasan > kagungan anu kawasa harita, tapi....timana eta duit > atawa rajakaya > yayasan? Naha geus jelas status hukumna > sumber-sumber penghasilan eta > yayasan? Saeutikna: wallohu'alam, gedena -sakumaha > anu mindeng > diobrolkeun ku rahayat: geus pada uninga ieuh. > > Beasiswa supersemar- pedah wae dirilis di jaman orba > anu salah sahiji > pusakana "supersemar" tea. Lamun seug BK masih keneh > jadi Presiden, > tur purati ngarengsekeun status politik hubungan LN > Indonesia harita, > laju ngarambah kana ngawangun ekonomi jeung > pendidikan, asana kudu > pisan BK oge ngaluarkeun beasiswa. > > Leupas tina pasoalan "hutang" kahadean, oge > dosa-dosa anu kungsi > marentah, jsb, ari ngadu'akeun anu teu damang mah > sae wae. Si kuring > oge milu ngadu'akeun, pamugi Pak Harto geura enggal > kenging katetepan > anu sae keur inyana oge keur sakabeh warga > masyarakat, saeutikna: > keur mayoritas warga ieu bangsa. > > Ngan lamun dipenta milih antara ngahukuman anjeunna > atawa ngahampura, > pilihan kuring mah: ngahampura kalawan catetan > sabagean gede hartana > dibalikeun deui pikeun ngomean ieu nagara atawa > abudaya bangsa anu > keur sakitu nyirorotna. Utamana, anu pangeulana kudu > meunang tina eta > harta teh nyaeta kulawarga aranjeunna anu kungsi > didzoliman di > zaman/ku Pamarentahan Orba, model "korban orang > hilang" tea. Sakumaha > gedena harta inyana anu kudu dibalikkeun jeung > kumaha proses > malikeunana, ieu anu sakuduna diputuskeun ku hukum > atawa hukum > agamana. Wallohu a'lam. > > manAR > > > > > --- In [email protected], Aschev > Schuraschev > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Urang nyaah ka batur teh panginten da batur nyaah > kaurang. Kitu, > sanes? Dina hal beasiswa, kaleresan sim kuring mah > henteu kantos > ngaraoskeun kanyaah aki Ato atanapi supersemarna. > Anu karaos ku sim > kuring harita ngan kangewa (jigana efek tina OS anu > dilakukeun ku > Himpunan Mahasiswa waktos kuliah, sanaos henteu > kantos janten aktivis > kampus). Waktos anjeunna lengser keprabon (rarasaeun > jadi raja, make > istilah kitu sagala), harita mung ningali tina tivi > di Nashville, > Tennesse, langsung luncat bari surak jeung babaturan > teras sujud > sukur. > > > > > > ----- Original Message ---- > > From: mj <[EMAIL PROTECTED]> > > To: [email protected] > > Sent: Wednesday, January 16, 2008 5:24:19 PM > > Subject: [Urang Sunda] suharto, supersemar jeung > surili > > > > > > > > Keur sakola keneh, si kuring -surili rada kasep- > kungsi dua taunan > meunang > > beasiswa supersemar. Enya, eta ti yayasan > supersemar, kecap eta ti > surat > > perintah sebelas maret, nu teuing kamana surat > aslina mah. > > > > Nu munggaran gedena beasiswa 40 rebu/bulan, terus > naek, poho deui, > duka 50rb > > duka 60/bulan. Asana mah 50rebu/bulan da nu > 60rb/bulan mah ti pt > INTI. Dua > > taun we pokona meunang beasiswa supersemar teh. > Tapi teu dua taun > terus2an. > > harita mah meunang beasiswa teh gampang, ukur > daptar -da ongkoh teu > gede. > > > > > > > > > > > ______________________________________________________________________ > ______________ > > Looking for last minute shopping deals? > > Find them fast with Yahoo! Search. > http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping > > > > > ____________________________________________________________________________________ Never miss a thing. Make Yahoo your home page. http://www.yahoo.com/r/hs

