Alhamdulillah sim kuring teu ngacapruk teuing nya. Nuhun kang. Sasih kamari rek 
"approach" nihonjin ngalatih Kendo, supaya barudak sunda sarigep kawas barudak 
jepang. Malah kebon di Cikampak daripada agrobisnis teu pararuguh tadina rek 
dijieun dojo.

JP

 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, January 23, 2008 1:39:29 AM
Subject: Re: Gede Wawanen Re: [Urang Sunda] Cik atuh jadi manusa teh nu baleg, 
euy!

Dina hal ieu sim kuring sapamendak. Sok lah US teh sing rajin diajar elmu bela 
diri. Anu gaduh putra di SD, SMP, SMA atanapi paguron luhur, sok lah piwarang 
ngiringan ekstra kurikuler olah raga bela diri, bade bela diri naon wae lah. 
Pasti aya pangaruhna kana rasa percaya diri barudak; aranjeunna bakal arageung 
wawanen.
 
Bilih aya nu hoyong info salasawios beladiri, mangga toong dina: 
http://su.wikipedia .org/wiki/ Aikido (tos disundakeun ku sim kuring).
 
Salam,
Aschev 
 





----- Original Message ----
From: Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Wednesday, January 23, 2008 4:26:26 PM
Subject: Gede Wawanen Re: [Urang Sunda] Cik atuh jadi manusa teh nu baleg, euy!


Kieu yeuh caritana. Baheulaaaa pisan taun 87/88an tina obrolan2 aya hiji 
pamadegan yen bangsa nu maju teh geuning teu leupas tina adat gede wawanen, teu 
sieunan. Nya dicukcruk bisa jadi kulantaran aya tradisi ngalatih "bela diri" ti 
leuleutik, contona Korea jeung Jepang. Atuh seler diurang aya nu geus ngawangun 
mitos clurit madura, rencong aceh, badik bugis jste. Jadi we seler eta teh jadi 
ciri gede wawanen, wanian.Ari urang sunda? gambaranana sabalikna ti seler eta.
 
Tah harita teh keur rame kasus Badigul  Rancamaya. Tina eta kasus aya rarasaan 
urang sunda teh lain ku someah hade ka semah tapi babari ngeper, babari diteke 
ku seler sejen. Harita asa jadi urang sunda belegug teu walakaya da tatar sunda 
sangeunahna diatur diobrak abrik batur. Nya tiharita ngageuingkeun deui urang 
balik nyekel penca silat, benjang jste. keur nonoman sunda. Kang Acil, Kang 
Hidayat Suryalaga, ngagerakeun nyieun Padepokan Silat, atuh Lises Unpad 
ngayakeun latihan silat. Tidinya aya harepan kahareup urang sunda boga ciri 
boga pasipatan gede wawanen, pede, dina kaayaan adu fisik ge moal ngeper, atuh 
dina sapopoena oge boga mental wani nyanghareupan tantangan...
 
Lulus Januari 89 kuring pegat, teu ngamonitor deui. Kamari HBH di Jatinangor ge 
teu kungsi nempo padepokan. Hasilna duka atuh mangga we peunteun 
sewang-sewangan. Batu tulis dipacul, santri Aa Gym dikunclungkeun, naskah 
Wangsakerta wani "ditalapung" ...  Leuweung sanget mun aya maungna. Urang sunda 
diajen, "disegani" mun gede wawanena. Mangga diemutan, direnungkeun. 
 
Mun masih dianggap ngacapruk... ..nya kumaha deui. Keur mah deuih kusnet 
Jakarta rek latihan silat can kaudag bae yeuh. Hapunten ah.
 
salam
Jalak Pakuan
 
 
 
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: dudi herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Tuesday, January 22, 2008 10:28:27 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Cik atuh jadi manusa teh nu baleg, euy!


sumpah kang, kuring mah teu ngarti. ari akang ngacapruk naon ieu teh? enyaan 
atawa heureuy?

dudi


On Jan 18, 2008 4:27 PM, Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com > wrote:

Kuduna mah urang sunda ge tukang gelut, tapi jeung batur ulah papada urang 
sunda. Sok inget basa murid awewe Aa Gym nu dikunclungkeun tina angkot di 
Cimahi ku seler sejen nu boga cap ti daerah jagoan, kuduna mah urang ge ulah 
basa-basi wess...hos. Mun kitu urang sunda moal dianggap tai kuku atawa teu 
boga wawanen... 
 
Eh. punten nyambung teu nya, ngacapruk he...he...
 
 
Makarya Mawa Raharja
__ 



-- 
d-:
~karék cénah~ 





Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. 





Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. 



      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke