oo kitu... ah punten wae atuh, si kuring nganggap akang ngacaprak. pamaca
kuring ka tulisan akang samemehna mah... 'nu heuras bales ku heuras' atawa
'meh teu diheurasan urang kudu heuras'.

pamanggih sikuring mah da 'jago bela diri' (atawa jago gelut kitu?) ukur
salah sahiji tina sakitu reana pikeun ngandelkeun rasa percaya diri urang.
ngan kuring teu percaya ku gede otot kandel urat bakal dipikasieun ku batur.
sahenteuna 'dipikasieun' kahayang kuring.

sakali deui hampura bisi salah macana...


On Jan 23, 2008 4:26 PM, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    Kieu yeuh caritana. Baheulaaaa pisan taun 87/88an tina obrolan2 aya
> hiji pamadegan yen bangsa nu maju teh geuning teu leupas tina adat gede
> wawanen, teu sieunan. Nya dicukcruk bisa jadi kulantaran aya tradisi
> ngalatih "bela diri" ti leuleutik, contona Korea jeung Jepang. Atuh seler
> diurang aya nu geus ngawangun mitos clurit madura, rencong aceh, badik bugis
> jste. Jadi we seler eta teh jadi ciri gede wawanen, wanian.Ari urang
> sunda? gambaranana sabalikna ti seler eta.
>
> Tah harita teh keur rame kasus Badigul  Rancamaya. Tina eta kasus aya
> rarasaan urang sunda teh lain ku someah hade ka semah tapi babari
> ngeper, babari diteke ku seler sejen. Harita asa jadi urang sunda belegug
> teu walakaya da tatar sunda sangeunahna diatur diobrak abrik batur. Nya
> tiharita ngageuingkeun deui urang balik nyekel penca silat, benjang jste.
> keur nonoman sunda. Kang Acil, Kang Hidayat Suryalaga, ngagerakeun
> nyieun Padepokan Silat, atuh Lises Unpad ngayakeun latihan silat. Tidinya
> aya harepan kahareup urang sunda boga ciri boga pasipatan gede wawanen,
> pede, dina kaayaan adu fisik ge moal ngeper, atuh dina sapopoena oge boga
> mental wani nyanghareupan tantangan...
>
> Lulus Januari 89 kuring pegat, teu ngamonitor deui. Kamari HBH di
> Jatinangor ge teu kungsi nempo padepokan. Hasilna duka atuh mangga we
> peunteun sewang-sewangan. Batu tulis dipacul, santri Aa Gym dikunclungkeun,
> naskah Wangsakerta wani "ditalapung"...  Leuweung sanget mun aya maungna.
> Urang sunda diajen, "disegani" mun gede wawanena. Mangga diemutan,
> direnungkeun.
>
> Mun masih dianggap ngacapruk.....nya kumaha deui. Keur mah deuih kusnet
> Jakarta rek latihan silat can kaudag bae yeuh. Hapunten ah.
>
> salam
> Jalak Pakuan
>
>
>
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
> ----- Original Message ----
> From: dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Tuesday, January 22, 2008 10:28:27 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Cik atuh jadi manusa teh nu baleg, euy!
>
>  sumpah kang, kuring mah teu ngarti. ari akang ngacapruk naon ieu teh?
> enyaan atawa heureuy?
>
> dudi
>
> On Jan 18, 2008 4:27 PM, Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com
> <[EMAIL PROTECTED]>> wrote:
>
> >     Kuduna mah urang sunda ge tukang gelut, tapi jeung batur ulah papada
> > urang sunda. Sok inget basa murid awewe Aa Gym nu dikunclungkeun tina angkot
> > di Cimahi ku seler sejen nu boga cap ti daerah jagoan, kuduna mah urang ge
> > ulah basa-basi wess...hos. Mun kitu urang sunda moal dianggap tai kuku atawa
> > teu boga wawanen...
> >
> > Eh. punten nyambung teu nya, ngacapruk he...he...
> >
> >
> ,___
>



-- 
d-:
~karék cénah~

Kirim email ke