Salaku urang Garut. Memang kuring ngenes pisan ninggali ieu kajadian. BA, teh di lain-lain oge salembur jeung kuring. Malah mun aya acara kumpul urang Garut, anjeuna sok panghareupna. Memang, talajakna oge teu katinggali beda. Tapi, baraya, Ulah ditinggali tina urang sundana. Tinggali tina naon anu dilakukeuna. AS, Bupati Garut anu dicerek ku KPK, oge US. Tapi ninggali kalakuana, kuring panuju pisan mun eta jalma digantung di pengkolan kota Garut. Bakating ku biadabna eta jalma. Ayeuna BA. Cobi tinggali, BI geus ampir siga nagara dina jero nagara. Gajihna leuwih gede batan Presiden jeng DPR. Fasilitasna luar biasa. Gedongna agreng. Eh, geus kitu, sangeunahna ngaalokasikeun dana Rp. 100 Miliar jang ngabantuan "perkara hukum" pajabat-pajabatna. Naha kalakuan kitu teu bejad. Duit saha anu dipake ngagajih maranehna teh? Duit saha anu dipake keur nyogok tur mayar pengacara padahal eta 'kasalahan' maranehna? ngenah pisan. Dina bab ieu, kuring mah boga pamadegan, lain BA anu kudu dibela, tapi KPK kudu didorong sangkan perkara anu ayeuna keur dikeukeuweuk maranehna teh terus dilegaan.
baktos Tantan

