Damang kang Tantan, sawangsulna kumaha langki maca tandaning pakepuk, mugi we
pakepuk tandaning kamakmuran he...he.....
Katingal beda pamadegan tapi asana mah biasa we lah da meureun papada boga
info nu teu lengkep, teu apal skenariona. Geuning pan mantan Kapolri nembe
ayeuna "digotongna", nu saleresna cenah kedahna mah tikapungkur. Tapi da kumaha
pupuhu KPK munggaran pan pulisi oge. Tah kunaon nu tilu tiheula duka
naon....aya kitu cap sunda nu ngait? Wallahu alam, mugi we sanes anggapan urang
sunda mah ager, siga teuas tapi..pyarrrrr.
salam
tirta
tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Jalak, damang?
Asana, anu dicerek teh tiluan. Sanes US wungkul. Punten upami kuring lepat.
Poin pentingna dina pamandangan kuring lain sual seke seler. Tapi saha bae anu
kadoliman batur (boh nagara, institusi, atawa ku saha bae) kudu dibelaan. Teu
pedah lain US terus teu dibelaan. Sabalikna teu pedah US, mun salah kalah
disumputkeun.
Punten mun teu sapamadegan. Hahaha....
Baktos
Tantan
On Feb 2, 2008 7:51 AM, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten Kang Tan nu jadi masalah sanes kasusna, eta mah mangga da aya laku aya
tanggengwaler. Nu dimasalahkeun mah "cara" ...naha BA nu sunda nu dicerek
tiheula teu babarengan teu disaruakeun.
Nu jadi sentimen mah aya tendensi urang sunda dianggap lindeuk, babari
direngkas.
Ngeunaan BI eta hal nu sanes, ngan sing emut we Anwar Nasution ge gede omong
baheuka tapi ari geus jadi urang BI mah beuuuuuuuu.... eh kaluar ti BI balik
deui gede omong....
JP
tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Salaku urang Garut. Memang kuring ngenes pisan ninggali ieu kajadian.
BA, teh di lain-lain oge salembur jeung kuring. Malah mun aya acara kumpul
urang Garut, anjeuna sok panghareupna.
Memang, talajakna oge teu katinggali beda.
Tapi, baraya,
Ulah ditinggali tina urang sundana. Tinggali tina naon anu dilakukeuna.
AS, Bupati Garut anu dicerek ku KPK, oge US. Tapi ninggali kalakuana, kuring
panuju pisan mun eta jalma digantung di pengkolan kota Garut. Bakating ku
biadabna eta jalma.
Ayeuna BA. Cobi tinggali, BI geus ampir siga nagara dina jero nagara. Gajihna
leuwih gede batan Presiden jeng DPR.
Fasilitasna luar biasa. Gedongna agreng. Eh, geus kitu, sangeunahna
ngaalokasikeun dana Rp. 100 Miliar jang ngabantuan "perkara hukum"
pajabat-pajabatna. Naha kalakuan kitu teu bejad. Duit saha anu dipake ngagajih
maranehna teh? Duit saha anu dipake keur nyogok tur mayar pengacara padahal eta
'kasalahan' maranehna? ngenah pisan.
Dina bab ieu, kuring mah boga pamadegan, lain BA anu kudu dibela, tapi KPK kudu
didorong sangkan perkara anu ayeuna keur dikeukeuweuk maranehna teh terus
dilegaan.
baktos
Tantan
Makarya Mawa Raharja
---------------------------------
Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.
--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr
"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--
Makarya Mawa Raharja
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.