Hapunten, sanes bade manjang-manjangkeun carios.
Ceuk si kuring mah, dina perkara Gubernur BI
"tijalikeuh", teu patos relevan upami dikaitkeun kana
perkawis "urang Sunda gampang ditalapung".
Anu langkung esensi, leres sakumaha anu disaurkeun
kang Tantan, teras "diaminan" Kang Surtiwa.
Eta cenah, pedah gubernur BI urang Sunda, kaleresan
wae eta mah, aya urang sunda anu aya di tempat sareng
waktos anu teu merenah. Margi pasualan di BI ayeuna,
murni perkawis tatakelola birokrasi modern.
Anu kedah janten pelajaran mah, kumaha "top
manajemen", nyandak hiji kawijakan anu ditangtoskeun
sacara kolektif, sikepna kana hiji perkara (suap),
"cara" ngocorkeun duit rahayat, sareng cara dina
ngahontal pamaksadan.
Ceuk sakaol mah ayeuna teh nuju jamanna "kokocoran".
Ngocorkeun kiridit, dunya geunjleung (kasus kredit
paimahan di Amerika Serikat). atuh di wewengkon
Nusantara, ngocorkeun gas, kajantenan kasus leutak
Lapindo.
Ngocorkeun cai, Jakarta Banjir.
Ngocorkeun duit (100 milyar)?
BI Kawiwirangan.
baktos,
mrachmatrawyani
ngantosan sakeclak dua keclak "cai" ti BI
--- H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sapagodos, kedah eras dikali nepi ka akar2na..saha
> wae anu kalibet..nya
> kedah dilibet....pan anti korupsi....
>
> On 2/5/08, tantan hermansah
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Kang Jalak, damang?
> > Asana, anu dicerek teh tiluan. Sanes US wungkul.
> Punten upami kuring
> > lepat.
> > Poin pentingna dina pamandangan kuring lain sual
> seke seler. Tapi saha bae
> > anu kadoliman batur (boh nagara, institusi, atawa
> ku saha bae) kudu
> > dibelaan. Teu pedah lain US terus teu dibelaan.
> Sabalikna teu pedah US, mun
> > salah kalah disumputkeun.
> > Punten mun teu sapamadegan. Hahaha....
> >
> > Baktos
> > Tantan
> >
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ