Abdi US asli..tapi 1000% teu percanten yen BA dicokok kulantaran
USna..biasana KPK mah..kana issuena heula...potesi kasusna tiasa henteu
ngaageungan kredibilitas KPK...selling point henteu kana kinerja...Ari
masalah anu bakal dicokok mah eta tingal wae bakal seueur kulantaran Pulisi
sareng Kajaksaan hobby pisan kana ngaageungan jumlah tersangka teh...saha
anu tiasa disangka...pokona tahan heula..urusan belakangan.....pan engke aya
kasempetan tina "pananguhan panahanan" atawa tina "tahanan sel janten
tahanan rumah"...ah ieu mah tos populer..mangga atuh tataros.....

On 2/7/08, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Damang kang Tantan, sawangsulna kumaha langki maca tandaning pakepuk,
> mugi we pakepuk tandaning kamakmuran he...he.....
>
> Katingal beda pamadegan tapi asana mah biasa we lah da meureun papada boga
> info nu teu lengkep, teu apal skenariona. Geuning pan mantan Kapolri nembe
> ayeuna "digotongna", nu saleresna cenah kedahna mah tikapungkur. Tapi da
> kumaha pupuhu KPK munggaran pan pulisi oge. Tah kunaon nu tilu tiheula duka
> naon....aya kitu cap sunda nu ngait? Wallahu alam, mugi we sanes anggapan
> urang sunda mah ager, siga teuas tapi..pyarrrrr.
>
> salam
> tirta
>
>
> *tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Kang Jalak, damang?
> Asana, anu dicerek teh tiluan. Sanes US wungkul. Punten upami kuring
> lepat.
> Poin pentingna dina pamandangan kuring lain sual seke seler. Tapi saha bae
> anu kadoliman batur (boh nagara, institusi, atawa ku saha bae) kudu
> dibelaan. Teu pedah lain US terus teu dibelaan. Sabalikna teu pedah US, mun
> salah kalah disumputkeun.
> Punten mun teu sapamadegan. Hahaha....
>
> Baktos
> Tantan
>
> On Feb 2, 2008 7:51 AM, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >    Punten Kang Tan nu jadi masalah sanes kasusna, eta mah mangga da aya
> > laku aya tanggengwaler. Nu dimasalahkeun mah "cara" ...naha BA nu sunda nu
> > dicerek tiheula teu babarengan teu disaruakeun.
> >
> > Nu jadi sentimen mah aya tendensi urang sunda dianggap lindeuk, babari
> > direngkas.
> >
> > Ngeunaan BI eta hal nu sanes, ngan sing emut we Anwar Nasution ge gede
> > omong baheuka tapi ari geus jadi urang BI mah beuuuuuuuu.... eh kaluar ti BI
> > balik deui gede omong....
> >
> > JP
> >
> >
> >
> >
> > *tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
> >
> >  Salaku urang Garut. Memang kuring ngenes pisan ninggali ieu kajadian.
> > BA, teh di lain-lain oge salembur jeung kuring. Malah mun aya acara
> > kumpul urang Garut, anjeuna sok panghareupna.
> > Memang, talajakna oge teu katinggali beda.
> > Tapi, baraya,
> > Ulah ditinggali tina urang sundana. Tinggali tina naon anu dilakukeuna.
> > AS, Bupati Garut anu dicerek ku KPK, oge US. Tapi ninggali kalakuana,
> > kuring panuju pisan mun eta jalma digantung di pengkolan kota Garut.
> > Bakating ku biadabna eta jalma.
> > Ayeuna BA. Cobi tinggali, BI geus ampir siga nagara dina jero nagara.
> > Gajihna leuwih gede batan Presiden jeng DPR.
> > Fasilitasna luar biasa. Gedongna agreng. Eh, geus kitu, sangeunahna
> > ngaalokasikeun dana Rp. 100 Miliar jang ngabantuan "perkara hukum"
> > pajabat-pajabatna. Naha kalakuan kitu teu bejad. Duit saha anu dipake
> > ngagajih maranehna teh? Duit saha anu dipake keur nyogok tur mayar pengacara
> > padahal eta 'kasalahan' maranehna? ngenah pisan.
> > Dina bab ieu, kuring mah boga pamadegan, lain BA anu kudu dibela, tapi
> > KPK kudu didorong sangkan perkara anu ayeuna keur dikeukeuweuk maranehna teh
> > terus dilegaan.
> >
> > baktos
> >
> > Tantan
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Makarya Mawa Raharja
> >  ------------------------------
> > Never miss a thing. Make Yahoo your 
> > homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs>
> >
>
>
>
> --
> tantan hermansah
> www.tantanhermansah.co.nr
>
> "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
> --siliwangi--
>
>
>
>
> Makarya Mawa Raharja
>
> ------------------------------
> Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
> now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ>
>
> 
>

Kirim email ke