Kang Jalak, damang?
Asana, anu dicerek teh tiluan. Sanes US wungkul. Punten upami kuring lepat.
Poin pentingna dina pamandangan kuring lain sual seke seler. Tapi saha bae
anu kadoliman batur (boh nagara, institusi, atawa ku saha bae) kudu
dibelaan. Teu pedah lain US terus teu dibelaan. Sabalikna teu pedah US, mun
salah kalah disumputkeun.
Punten mun teu sapamadegan. Hahaha....

Baktos
Tantan

On Feb 2, 2008 7:51 AM, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Punten Kang Tan nu jadi masalah sanes kasusna, eta mah mangga da aya
> laku aya tanggengwaler. Nu dimasalahkeun mah "cara" ...naha BA nu sunda nu
> dicerek tiheula teu babarengan teu disaruakeun.
>
> Nu jadi sentimen mah aya tendensi urang sunda dianggap lindeuk, babari
> direngkas.
>
> Ngeunaan BI eta hal nu sanes, ngan sing emut we Anwar Nasution ge gede
> omong baheuka tapi ari geus jadi urang BI mah beuuuuuuuu.... eh kaluar ti BI
> balik deui gede omong....
>
> JP
>
>
>
>
> *tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Salaku urang Garut. Memang kuring ngenes pisan ninggali ieu kajadian.
> BA, teh di lain-lain oge salembur jeung kuring. Malah mun aya acara kumpul
> urang Garut, anjeuna sok panghareupna.
> Memang, talajakna oge teu katinggali beda.
> Tapi, baraya,
> Ulah ditinggali tina urang sundana. Tinggali tina naon anu dilakukeuna.
> AS, Bupati Garut anu dicerek ku KPK, oge US. Tapi ninggali kalakuana,
> kuring panuju pisan mun eta jalma digantung di pengkolan kota Garut.
> Bakating ku biadabna eta jalma.
> Ayeuna BA. Cobi tinggali, BI geus ampir siga nagara dina jero nagara.
> Gajihna leuwih gede batan Presiden jeng DPR.
> Fasilitasna luar biasa. Gedongna agreng. Eh, geus kitu, sangeunahna
> ngaalokasikeun dana Rp. 100 Miliar jang ngabantuan "perkara hukum"
> pajabat-pajabatna. Naha kalakuan kitu teu bejad. Duit saha anu dipake
> ngagajih maranehna teh? Duit saha anu dipake keur nyogok tur mayar pengacara
> padahal eta 'kasalahan' maranehna? ngenah pisan.
> Dina bab ieu, kuring mah boga pamadegan, lain BA anu kudu dibela, tapi KPK
> kudu didorong sangkan perkara anu ayeuna keur dikeukeuweuk maranehna teh
> terus dilegaan.
>
> baktos
>
> Tantan
>
>
>
>
>
>
>
> Makarya Mawa Raharja
>
> ------------------------------
> Never miss a thing. Make Yahoo your 
> homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs>
>  
>



-- 
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke