Seandainya dosa itu tiasa di hapusku salaman wungkul kanu boga salah. Lamun urang boga salah ka pamajikan, ngabohong misalna cekap ku salaman menta di hampura, teras leungit dosa urang kapamajikan teh.
Mun boga salah ka kulawargi meureun cekap ku salaman ka anak pamajikan/salaki, hapus meureun dosa urang.Mun salah ka sakelurahan cekap meureun ka sakelurahan urang salaman, mun boga dosa sa kabupaten ceukap mereun ku salaman menta di hampura ka rakyat sa Kabupaten, paling bareuh tah legeun tapi leungit tah kabeh dosa.Nu janten masalah mun urang boga dosa ka 220 juta rakyat Indonesia lantaran urang pernah ngabohong, atuh urang kudu salaman menta di hampura ka kabeh rakyat Indonesia, sakumaha panjangna eta jelema nu baris rek di penta hampurana kuurang, mun sapoe wae urang kungsi ngalaksanakeun salaman jeung 100 rebu urang, atuh meureun 2200 poe kakarah angeus, kumaha lamun ditengah jalan, salaman kasaratus juta, urang teu kuat lantaran leungeun geus bareuh dipencet kunu salaman atuh urang kalakah ngambek, ninggang nu mencet atuh nambah deui dosana akhirna jadi tarian poco-poco ceuk ceu mega mah..hahahaha..iraha anggeusna. Tah ieu mah ilustrasi sederhana ti simkuring perkawis dosa nu dianggap leutik, lantaran urusan jeung Pangeran mah leuwih gampang, tibatan jeung jelema. Jeung Pangeran mah ti kamari, mangkukna atanapi harita geus ngahampura tapi jeung jelema nu geus dibohongan, ditipu dirampas hak na acan tangtu, dina kasus ieu paham kaadilanana anu di pake. Mangkaning ayeuna mah aya jelema anu boga "Prinsip" bohong dulu dosa mah belakangan, ngumbar jangji-jangji mun uwing kapilih moal macet,moal banjir, sakola rek haratis, sembako murah, moal nyandung.eh, teu boga PIL or WIL bari ngucapkeun nana di hareupeun media masa anu di tongton ku 220 juta rakyat Indonesia..padahal dina kanyataanana...buset dah kaga kebayang gw mah..kumaha ieu teh baraya ?mungkin jelema kitu mah boga perinsip berbuat dosa dulu engke oge bisa dihapus mun tobat..ceuk saha???? enak betul.pantes atuh jadi nagara korup.Prinsip kitu the salah guruna ceuk uwing mah (guru agama maksadna). Jadi dosa susah dihapus, sakitu dosa leutik komo dosa gede mah. Matak ceuk ulama diakhir jaman engke aya jelema anu dosana moal bisa katutupku amal ibadahna.beu..jadi jigana sateuacan ka diasupkeun ka "Sukamiskin" kudu diubaran ka "Hasan Sadikin" heula, pas dipaluruh ku dokter..aya gula, aya jantung, aya paru-paru and sagala aya atuh komplikasi...hahahahah Mending mana salaman jeung 220 juta urang atanapi dialung ka naraka....uwing moal bargaining jeung pilihan kieu...hahahahah Sampurasun, Hampura Insun TAJIMALELA

