Ari ceuk uing mah kieunya ( ngahaja lain  nyebut aing atawa abdi . Da karasana 
beda)
   
  Bener pisan anu nyebut basa nembongkeun rasa.
  Dina kanyataanna oge, teu bisa mungkir deui, yen di urang aya  nu make basa 
lemes, basa basajan atawa baas loma, jeung basa kasar. Ieu teu bisa dipungkir 
deui. Kanyataanna kitu .
   
  Ari pungsina  ngedalkeun  ucap make basa kanu diajak nyarita, tujuannana pan  
supaya manehna ngarti, terus narima  kana naon anu dipimaksud  ku urang.
  Rek make basa naon wae, asal tujuan urang  kanu diajak nyarita tercapai, nya 
teu aya masalah. Contona barudak  ayeuna mun  ngomongna  teu ditungtungan  make 
kecap anjing, komunikasi diantara manehna asana teu afdol. Upamana aya dialog 
kieu.: "Maneh kamari ti mana anjing, digeroan  teu ngalieuk. Jawabna : " Iraha 
?, meureun aing teu ngadenge, anjing. lamun ngadenge mah  maenya aing teu 
nyampeurkeun, anjing". 
  Coba basa eta dipake ka kolot sorangan atawa ka jalma anu can wawuh, pan 
nimbulkeun masalah.
   
  Nu penting, salila urang  nyaho , ngarti  jeung sadar  yen di urang teh bener 
aya basa kitu ( basa lemes, loma jeung kasar) ceuk uing geus cukup pikeun 
dijadikeun pangarti pikeun kapentingan urang sorangan. Perkara lamun urang 
ngalarapkeunana  teu merenah, eta mah perkara lain.
   
  Ari ceuk uing mah, malah kuayana  "tilu kelas" tingkat basa  nyaeta, aya nu 
lemes, loma jeung kasar, nunjukkeun yen terjadi demokratisasi bahasa. Lamun 
urang maksakeun maneh kabatur kudu make basa lemes  salawasna, atawa basa loma 
oge basa kasar salawasna, atuh lain disebut  demokratis . Eta mah pemaksaan.
   
  Tah upama urang make basa anu teu merenah ka batur ( lain basana anu salah 
),urang kudu  lapang hate, atawa narimakeun reaksi ti nu diajak nyarita ku 
urang, upama tujuan urang  dina ngedalkeun carita eta meunang reaksi  anu teu 
dipiharep ku urang. Jadi ulah helok lamun  urang geus nyarita  make basa anu 
teu merenah ka batur ( sakali deui lain basa nu na nu salah) malah urang 
dicabok misalna. Atawa teu didenge atawa teu dipalire.
  Dina hal ieu euweuh nu salah atawa nu bener, atawa aya anu disebut  feodal 
atawa egaliter, tapi nembongkeun  yen dina basa ge aya demokratisasi.
   
  Kuring boga pangalaman kieu. Pamajikan uing urang Tasik, uing sorangan urang 
Garut. Di kulawarga uing undak usuk basa masih dipake keneh . Ka kolot uing 
sorangan, uing teu pernah  make kecap indit keur angkat, dahar keur tuang, 
bendu keur ambek. Tapi di kulawarga pamajikan  biasa make basa  ambek , dahar 
atawa indit keur kolotna sorangan.
  Mimitina uing ge helok, tapi lilalila biasa. Tapi Alhamdulillah pamajikan 
uing teu pernah make basa loma ieu ka kolot uing sorangan, jadi  nepi ka ayeuna 
pamajikan uing masih kapuji keneh ku kolot uing sorangan, sehingga teu aya 
masalah dina hal komunikasi antar kulawarga uing jeung pamajikan uing khususna.
   
  Tapi  waktu  hiji mangsa , pamajikan uing ku uing dibawa jalan jalan ka hiji 
pasar Pandeglang pamajikan uing "pundung". 
  Caritana kieu.Waktu eta uing jalan jalan, nepi ka hiji pasar di Pandeglang. 
Pamajikan kataji ku gula beureum di hiji jongko. Pamajikan ulak ilik kana eta 
gula, terus  ngarampaan, nimbang nimbang ku leungeunna. Kajadian eta rada lila. 
Terus nanya hargana sabaraha  kanu dagangna. Dijawab. Pamajikan can kua kieu 
nepi ka dinya mah. Tapi kusabab rada lila nangtung di dinya bari nyenyekel gula 
beureum eta, nu dagang nanya. Pertanyaanna kieu: "Gancang atuh ieu teh rek 
meuli atawa moal?. Meureunan  si nu dagang teh rek nutup jongkona mana nanya 
kitu oge.Pamajikan kasinggeung, bari teu ngomong deui gula beureum anu tadina 
rek dibeuli dialungkeun  deui kana  tempatna. Terus  ngajak uing gagancangan 
kaluar ti eta pasar.
  Basa loma eta, biasa sapopoe dipake di kulawarga pamajikan uing.Malah di 
kulawarga uing mah  moal kitu pibasaeunana teh. Naha dina palebah ditanya ku 
pedagang di Pandeglang , malah pamajikan nu pundung, ari kuring masih keneh 
bisa ngama'lum.
  Tina conto eta nyirikeun, upama rek make basa ka nu diajak nyarita kudu bisa 
ngarampa kumaha reaksina  anu rek diajak nyarita eta. Tinimbangan ieu lain 
bentuk tindakan feodal atawa  teu demokratis.Malah sabalikna demokratis pisan. 
Komo deui dina satiap  caritaan  pasti aya yujuan jeung pamaksudan.Lamun basana 
teu merenah ( sakali deui lain basana anu salah) tujuan urang eta  wayahna 
lamun  teu tercapai. Ulah ngacap  nu diajak nyarita teu demokratis atawa 
manehna feodal. Nu ngajak  jeung nu diajak nyarita, duanana papada miboga hak 
untuk nyaman  ngomong jeung ngadengekeun. Masalahna , naha ngan tinimbangan  
hak urang wungkul anu rek di tegakkeun teh. Hak batur ge pan aya. Komo  lamun 
urang ge miboga tujuanna dimana urang nyarita teh.
   
  Jadi lamun rek ngomong make basa naon wae teu masalah salila nu diajak 
ngomongna daek ngadengekeun  jeung tujuan urang ngomong ka manehna tercapai.
  Ulah nepi  nganggapsoranagn,  ieu aing make basa kieu kusabab aing 
demokratis, maneh henteu. Lamun  masih nyarita kitu, hartina  manehna sorangan 
can demokratis.
   
  Nu matak  ceuk uing mah, pek wae rek nyarita make basa naon wae.Tapi hukum 
atawa norma nu berlaku di masyarakat kudu dijadikeun  tinimangan, sangkan 
tujuan urang nyarita eta tercapai. Wayahna lamun teu tercapai ulah  ngambek. 
Komo lamun aya nu nyabok mah, ulah rek helok. Rek dituluykeun gelut mah kumaha 
dinya . Coba atuh nyarita kasar ka tangtara anu teu/can  wawuh . Wani teu ?. 
Ieu mah test case we lah . Dare to talk  kasar ?
   
  Hampura lamun uing geus  nyanyahoanan.  
  

Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
              
  Nu teu make undak usuk, demokratis, teu ngabeda-beda:
   
  Mr. President / His Mejesty eats meat
  She eats food
  The dog eats meat

  Nu make undak-usuk, henteu demokratis, ngabeda-beda:
  Kangjeng raja tuang daging
  Manehna dahar daging
  Anjing itu ngahakan daging
   
  Di dieu digunakeun kecap nu beda: tuang, dahar, ngahakan.
   
  Ngarti henteu sih naon anu dimaksud undak-usuk basa teh?
  

 
  ----- Original Message ----
From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, February 18, 2008 9:48:13 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia

    Paling henteu lamun urang dialog langsong naganggo Mr. President sanes 
namina. Mr teras kana jabatan. Her Majesty atanapi His Majesty biasana babacaan 
protokol lamun mimiti nitah Prswiden pidato, ninggalkeun tempat jrrd. Soal 
digebah can aya kajadian kulantaran anu naya boh WNA (WN Amrik atanapi Pers ) 
parantos ngartos sareng nyarakola. Demeonstran oge sanajan bari gogorowokan 
tetep wae nyebut Mr. Prseident... .

  On 2/18/08, dudi herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com> wrote:             bah 
ari di amrik di ingris lamun aya warga nyebut ka presiden ka ratu ka pm teu 
make mr. atawa her majesty... sok digebah? dianggap teu sopan garihal culangung 
teu gableg cedo can pernah ngadaang bangku sakolaan kitu?


  On Feb 18, 2008 9:17 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
            Amrik oge gegedug demokratis.. kitu deui Inggris..tapi ar palebah 
undak unduk basa mah.nyaeta tetep wae diengineering kumaha kapentingan 
gaul...Mr. President, Her Majesty..... ....





___ 




-- 
d-:
~karék cénah~   








  



  
---------------------------------
  Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.  

                         

       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

Kirim email ke