Wilujeng Kang Dede....
Tong ninggali status kang. Nu penting mah, niat hade, iklash, tur yakin.
Sakitu geus janten modal anu cekap.
Sigana kanggo lamaran, tiasa nyungkeun bantosan kang Kang Yayan.
Anjeuna teh Doktor dina widang syariah, tur oge pejabat di UIN Jakarta mah.
hahaha.... leres kang Yayan?.
Janten, abdi moal nganashatan deui, da ti Kang Yayan oge mundel pisan.



On 2/16/08, yuvie.bjb <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Punten kang bade mairan sakedik;
> ku kaemut abdi mah teu aya salahna akang aya maksad ka etehna, mung kedah
> diemut teh :
> 1. kunaon sabab anjeuna papisah
> bilih siga bdi papisan ku lantaran pajauh didamel duanana alim eleh
> mentingkeun padamelan, atuh pami kitu mah teu tiasa da saurna akang tugas
> luar jawa oge, tapi pami paisahna anjeuna kulantaran suamina midua eta tiasa
> dipercanten,
> 2. masalah anakna eta ge kedah diemutan, komo deui ajeuna teu damel,
> berarti kan janten tanggung jawab akang, memang dinu agama islam mah teu
> wajib suami nganafkahan anak bawa istrina tapi ari istri teu damel lain
> tanggung jawab urang, beda deui sareng abdi, abdi oge kapungkur nikah sareng
> duda anak hiji padahal mah dibawa ku indungna eta budak teh angger weh
> bapana tanggung jawab tapi kaleuwihan nepi ka anak abdi teu dibere nafkah da
> ngaheulakeun anakna ti istri na nubaheula......kade tah kang, teu sagampang
> nu baheula ku urang dipikir pas bade nikah masalah anak teh, te acan deui
> pasti istri teh aya emutna ka putra na nu kahiji ah pokonamah pirieuteun
> kang, dumasar ka pangalaman abdi
>
>
> Regards
>
> Arkhi Roslia Yuvie
>
> ----- Original Message -----
> *From:* Jatigede <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Friday, February 15, 2008 5:05 PM
> *Subject:* [Urang Sunda] Konsultasi-Nikah sareng Randa
>
>  Sampurasun,
> Kumaha damang sadaya baraya?
>
> Saleresna beurat kanggo nulis didieu kanggo konsultasi, mung  kusabab
> abdi teu gaduh rencang kanggo ngedalkeun hate, Kapaksa nyerat didieu.
> InsyaAllah kahoyong mah taun ieu abdi nikah. Namung anu janten masalah
> picaloneun teh tos gaduh putra.
> Picaloneun abdi, rerencangan abdi waktos sakola di SMA taun 1990-1993.
> teras papisah. Anjeuna nikah gaduh anak 2, anu ageung kelas 4 SD anu alit
> nuju di TK. Namung anu ageung sareng bapana di Bengkulu tinggal anu alit.
> Pun biang mah demokratis pisan kasaha-saha ge teu ngawagel oge sabagian
> ageung keluarga, mung hiji raka anu istri teu satujueun.
> Memang picaloneun abdi teh teu damel, di lembur wae.
>
> Kumaha nya?
> Kanggo abdi mah Lilallahi Ta'ala, sadaya masrahkeun ka Allah sabab abdi
> mah nyandak intisari islam nyaeta masrakeun diri ka Allah dina masalah ieu.
> Insyaallah hate teu egois, ikhlas sareng sumanget. Sabab di pikir bulak
> balik di beuweung diutahkeun ge tetep we moal aya  tiasa anu ngagentos.
>
> Duh tugas di luar Jawa deui...
>
> Cik saha anu gaduh bongbolongan.....
>
> Hatur nuhun...
>
>
>
>
>
> www.friendster.com/sahman
> www.geocities.com/ex_orientelux
>
> Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
>
>  ------------------------------
>
> Internal Virus Database is out-of-date.
> Checked by AVG Free Edition.
> Version: 7.5.516 / Virus Database: 269.19.1/1220 - Release Date: 1/11/2008
> 6:09 PM
>
>  
>



-- 
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke