Asana teh kapungkur kuring kantos ngusulkeun ieu. Tapi
teu aya lepatna upami ayeuna diusulkeun deui. Kasang
tukangna (latar belakang) usulan ieu teh, supados
sistimatis wae upama urang bade neuleuman kasundaan.
Komo deui ayeuna sabada ambu Diana aub di babakan
KUSnet, sareng sawala kamari anu dingawitan ku Kang
Oman.
Pangalaman kuring waktos masih aya (alm) mang Ayat di
SIMPAY, sawala teh diwilah-wilah kana sababaraha
bagian. Diurut ti ngawitan jaman Prasejarah Sunda,
dugi ka jaman kiwari. Atuh topik-topikna oge beragam
supados narik minat. Kedahna silabus ieu didamel ku
hiji tim, kalayan nyunkeun asupan ti warga babakan
KUSnet. Eta tim teh ngarumuskeun silabus, kalebet
bahan acuan, buku naon anu tiasa nambihan kajembaran
para peminat kasundaan. Kumargi sifatna umum, nya
slabus teh kedah benten sareng silabus kuliah program
Studi Sunda anu diajarkeun di paguron, dimana anu
ditonjolkeun teh aspek akademisna. Silbaus kasundaan
di dieu mah "berbau" ilmiah populer, sareng
menekankeun kana aspek praktis, pikeun nambihan
pangaweruh.
baktos,
mrachmat uidipura
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ