Nu jelas mah eleh pangalaman..
Heuheu punten ah heureuy
 
-----Original Message-----
From: Dadi Kurniadi [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Tuesday, February 19, 2008 12:51 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Konsultasi-Nikah sareng Randa
 
Kang, masih emut ka abdi? akang teh rerencangan na ade chandra (alm)?
saran ti teh siti satuju pisan. memang kedah kitu carana, nanging ilham
eta moal terus datang ukur sakali sholat. jadi usahakeun terus-terusan
sholat nepi ka pamadegan mantap..
Ngan keur sim kuring, dina milih picaloneun gadis atanapi randa, sami
wae......sabab takdir anu geus nangtukeun nasib hiji jelema mah. kitu
deui si etehna saleresna teu hoyong janten randa pan.
Ngan kedah ditalungtik heula, kunaon janten randa (asal muasalna). Mun
alatan ngalawan ka salaki, toloheor, selingkuh atanapi panas baran mah,
langkung sae di emut deui. Margi tiasa janten laku na nu baheula bakal
kaulang deui.
Tapi pami sababna ti ex salakina, eta oge kedah diemutan, terutama
ngemutan sabaraha mas kawin na?? heheheh....
Pami akang tiasa ngangkat darajat randa jadi istri akang, insya allah
kang ageung amalna (kumaha niat akang), wallahu alam.
Kitu wae kang, salam sono we nya, mun aya kecap nu teu merenah, tong
dianggap kang
anggap we si pohang keur ngabojeg.
wassalam

Siti Oktaviani M <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        Cobi weh netepan istikhoroh, pami jodona mah...pasti
dilancarkeun jalanna. Bari ditaros ka teteh na kunaon teu satuju? pami
syar'i alesanna kedah ditampi, pami kusoal statusna mah...carioskeun weh
nu sae bari sebatkeun sadaya kasaean calon teh....
        Kitu ah kinten2, duka leres teu tah...
        
        Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
                Sampurasun,
                Kumaha damang sadaya baraya?
                
                Saleresna beurat kanggo nulis didieu kanggo konsultasi,
mung  kusabab  abdi teu gaduh rencang kanggo ngedalkeun hate, Kapaksa
nyerat didieu.
                InsyaAllah kahoyong mah taun ieu abdi nikah. Namung anu
janten masalah picaloneun teh tos gaduh putra.
                Picaloneun abdi, rerencangan abdi waktos sakola di SMA
taun 1990-1993. teras papisah. Anjeuna nikah gaduh anak 2, anu ageung
kelas 4 SD anu alit nuju di TK. Namung anu ageung sareng bapana di
Bengkulu tinggal anu alit.
                Pun biang mah demokratis pisan kasaha-saha ge teu
ngawagel oge sabagian ageung keluarga, mung hiji raka anu istri teu
satujueun. 
                Memang picaloneun abdi teh teu damel, di lembur wae. 
                
                Kumaha nya?
                Kanggo abdi mah Lilallahi Ta'ala, sadaya masrahkeun ka
Allah sabab abdi mah nyandak intisari islam nyaeta masrakeun diri ka
Allah dina masalah ieu. Insyaallah hate teu egois, ikhlas sareng
sumanget. Sabab di pikir bulak balik di beuweung diutahkeun ge tetep we
moal aya  tiasa anu ngagentos. 
                
                Duh tugas di luar Jawa deui...
                
                Cik saha anu gaduh bongbolongan.....
                
                Hatur nuhun...
                
                
                
                
                
                www.friendster.com/sahman
                www.geocities.com/ex_orientelux 
                Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com 
         
        Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com 
 
  
  _____  

Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try
it now.
<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http:/mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62
sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ%20> 
 

Kirim email ke