Sapagodos pisan tah kana nu ngalaman lini kultur...kungsi gaduh rerencangan
anu tos janten "jelema"..teras ngomong na teh rada adigung...robih ti cara
baheula na..ka rencang dibumi kasar pisan (kumargi abdi teu acan ngadangu
anjeunna unjang anjing ka rencangna)....anu baheulana jago kana peuteuy
jeung jengki...ayeuna.. ngadadak teu beuki....

On 2/20/08, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>     Basa teh eunteungna hate, tah jadi kumaha hate urang sunda panginten
> nya. Da abdi ge pami ka Cikampak Bogor babasaanana teh mun ceuk priangan mah
> kasar. Kitu deuih mun gaduh badega ti banten teu sirik di "ngaing -
> sia"keun. Tapi teu masalah da hatena teu kasar. Beda pisan mun urang sunda
> priangan babantenan, sok matak kerung da karasa hatena teu "bening"
> deui. Tapi ah santey we. Kahiji da masih make basa sunda ieuh. Kadua nya
> ngamaklum we, meureun ieu jalma keur keuna ku "lini kultur" (culure shock),
> keur neang jatidirina ka nu ieu geus rek ninggalkeun ka nu itu can kaudag.
>
> salam
> tirta
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
> ----- Original Message ----
> From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Tuesday, February 19, 2008 8:24:43 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Anjir!
>
>  > From: Jalak Pakuan
> > Bah pamendak sim kuring mah anjir mah makena teu ditujukeun langsung ka
> > hiji jalma tapi leuwih ngagambarkeun kana
> > situasi, kaayaan jadi asana mah lain keur ngahandapkeun lawan nyarita,
> > mirip "Gile luh" dina basa gaul sinetron.
>
> Leres Kang, kecap "Anjir" di Bandung mangrupakeun kecap panambah, dina
> obrolan lisan nu geus loma pisan. Ngan tetep we nu teu biasa mah teu wasa
> nyebutkeun ieu teh. Dalang nu asalna ti Bandung, dina obrolan si cepot
> sakapeung sok kaluar kecap "Anjir teh". Tah ieu kungsi jadi masalah, waktu
>
> acara wayang golek jadi acara populer di TVRI. Loba nu teu satuju si cepot
>
> "Unjang-anjing teh", tepi ka mucunghul surat pembaca dina koran, nu
> ngangluh
> kulantaran budakna nurutan si Cepot, "unjang-anjing" . Manehna frustasi,
> mending ngomong jeung budakna basa Indonesia wae, tinimbang budak make
> basa
> nu ceuk anggapanana mah kurang/ teu sopan.
>
> Dilemna keur Basa Sunda. Keur nu teu resep "basa kasar", akhirna bisa
> "ninggalkeun" basa Sunda, mending make basa Indonesia wae. Kitu deui nu
> kontra UUBS, kulantaran ngarasa rieut jeung teu egaliter, akhirna sarua
> "ninggalkeun" Basa Sunda. Hasilna? Punah weh basa Sunda teh da euweuh nu
> make!
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
> ------------------------------
> Never miss a thing. Make Yahoo your 
> homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs>
>
> 
>

Kirim email ke