Basa teh eunteungna hate, tah jadi kumaha hate urang sunda panginten nya. Da 
abdi ge pami ka Cikampak Bogor babasaanana teh mun ceuk priangan mah kasar. 
Kitu deuih mun gaduh badega ti banten teu sirik di "ngaing - sia"keun. Tapi teu 
masalah da hatena teu kasar. Beda pisan mun urang sunda priangan babantenan, 
sok matak kerung da karasa hatena teu "bening" deui. Tapi ah santey we. Kahiji 
da masih make basa sunda ieuh. Kadua nya ngamaklum we, meureun ieu jalma keur 
keuna ku "lini kultur" (culure shock), keur neang jatidirina ka nu ieu geus rek 
ninggalkeun ka nu itu can kaudag.

salam
tirta
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, February 19, 2008 8:24:43 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Anjir!

> From: Jalak Pakuan
> Bah pamendak sim kuring mah anjir mah makena teu ditujukeun langsung ka 
> hiji jalma tapi leuwih ngagambarkeun kana
> situasi, kaayaan jadi asana mah lain keur ngahandapkeun lawan nyarita, 
> mirip "Gile luh" dina basa gaul sinetron.

Leres Kang, kecap "Anjir" di Bandung mangrupakeun kecap panambah, dina 
obrolan lisan nu geus loma pisan. Ngan tetep we nu teu biasa mah teu wasa 
nyebutkeun ieu teh. Dalang nu asalna ti Bandung, dina obrolan si cepot 
sakapeung sok kaluar kecap "Anjir teh". Tah ieu kungsi jadi masalah, waktu 
acara wayang golek jadi acara populer di TVRI. Loba nu teu satuju si cepot 
"Unjang-anjing teh", tepi ka mucunghul surat pembaca dina koran, nu ngangluh 
kulantaran budakna nurutan si Cepot, "unjang-anjing" . Manehna frustasi, 
mending ngomong jeung budakna basa Indonesia wae, tinimbang budak make basa 
nu ceuk anggapanana mah kurang/ teu sopan.

Dilemna keur Basa Sunda. Keur nu teu resep "basa kasar", akhirna bisa 
"ninggalkeun" basa Sunda, mending make basa Indonesia wae. Kitu deui nu 
kontra UUBS, kulantaran ngarasa rieut jeung teu egaliter, akhirna sarua 
"ninggalkeun" Basa Sunda. Hasilna? Punah weh basa Sunda teh da euweuh nu 
make!

Baktos,
WALUYA





      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke