Sanes ari US mah kacida bijaksana pisan tiasa nganggo sagala rupi anu digaduhan dina tempatna...eta ceuk kolot/guru(baheula0.. abdi ge kitu..bobogaan ieu keur ieu..bobogaan itu keur itu..basa ge bangsa urang mah hebat pisan pinter pisan nganggo na. Pek we keur ngobrol keuheul ka dunungan..kalura eta cengcelengan kecap2 kotor keur ngomongkeun manehna..Eh ujug2 manehna kaluar....spontan urang teh naya ka manehna " lajeng kamana ..Gan...siga anu rarusuh"..bari dedeg2an sieun ka tohyan. Kolebat manehna leungit tina pamandangan ..." Norojol si Ontohod teh...ngareureuwas...si ujut gendul teh ...tega teu naekkeun gajih aing..., euweuh mulang tarima na...kutiplak lah "
On 2/20/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > From: Jalak Pakuan > > Bah pamendak sim kuring mah anjir mah makena teu ditujukeun langsung ka > > hiji jalma tapi leuwih ngagambarkeun kana > > situasi, kaayaan jadi asana mah lain keur ngahandapkeun lawan nyarita, > > mirip "Gile luh" dina basa gaul sinetron. > > Leres Kang, kecap "Anjir" di Bandung mangrupakeun kecap panambah, dina > obrolan lisan nu geus loma pisan. Ngan tetep we nu teu biasa mah teu wasa > nyebutkeun ieu teh. Dalang nu asalna ti Bandung, dina obrolan si cepot > sakapeung sok kaluar kecap "Anjir teh". Tah ieu kungsi jadi masalah, waktu > > acara wayang golek jadi acara populer di TVRI. Loba nu teu satuju si cepot > > "Unjang-anjing teh", tepi ka mucunghul surat pembaca dina koran, nu > ngangluh > kulantaran budakna nurutan si Cepot, "unjang-anjing". Manehna frustasi, > mending ngomong jeung budakna basa Indonesia wae, tinimbang budak make > basa > nu ceuk anggapanana mah kurang/ teu sopan. > > Dilemna keur Basa Sunda. Keur nu teu resep "basa kasar", akhirna bisa > "ninggalkeun" basa Sunda, mending make basa Indonesia wae. Kitu deui nu > kontra UUBS, kulantaran ngarasa rieut jeung teu egaliter, akhirna sarua > "ninggalkeun" Basa Sunda. Hasilna? Punah weh basa Sunda teh da euweuh nu > make! > > Baktos, > WALUYA > > >

