nuhun bah dongeng sasakala kecap anjing.
ari buktina mah, kaalaman pisan. aya sobat SD, SMP, manehna SMAna di
Bandung, di SMA Pasundan. abdi mah di lembur keneh. ari balik pere,
manehna dina nyarita sok loba make anjing. wandana enya, siga fuck kitu.

kecap anjing saacana mah dina wanda ngambek. tapi si eta nyelakpeun
kecap anjing dina obrolan biasa. "De, manehna teh mawa anjing gening
balik ti bandung, teh?" cek kuring. manehna mesem, "Kabiasaan jeung
babaturan di bandung, cenah.

terus basa nuju sakola di negri viking. salah saurang babaturan urang
bandung. hiji mangsa di kelas, manehna nyampeurkeun ka meja si kuring,
terus nyarita semu tarik, "Anjing!" kaget pisan si kuring. bari ngucap
kitu teh  manehna nempo ka model desain korsi beunang si kuring dina
meja. karek ngeuh, manehna nyebut kitu alatan suprise! kaget jeung
kagum. heuheu. si eta ayeuna dosen di desain produk itb, doktorna ti
jepang. doktor munggaran saangkatan.

 --- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> Anjir oge kitu sigana mah, alus oge diasupkeun ka KUSnet, ngan
alusna siga 
> "kutrat-kotret"na Kang Ndull, nu siga "motret" kumaha dialog
sabagian urang 
> Sunda teh. Lamun dialog langsung, rarasaan teh masih karasa teu
ngeunahna 
> disebut "anjing" ku nu ngajak ngobrol .....
> 
> Cag ...ah ...
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Kirim email ke