INget basa jaman baheula , balik nonton filem di twenty wan jeung urut kabogoh
baheula, sok kukurilingan heula di lapangan simpang lima, iseng2 ngilikan
calana pondok (merek edwin), cenah 20rebuan, ari pek teh ditawar bari
ngoloyong, "10rebu we mas.."
"wah gak dapat modalnya juga mas...." cenah bari lungas lengis.
"Ya udah lah gak jadi" ceuk kuring bari terus ngoloyong, kabogoh geuwat
ngaleng pura-pura ngajak indit.
Salengkah, dua lengkah, pipikiran ngaharep2 siemang bet teu ngagero wae. rek
balik deui era, Ari barang na mah bogoh pisan najan aspal. Lengkah ngahaja di
alon-alon meh si EMang teu hese mun ngagero.
Enya we, saenggeus rada jauh, tukang dagang ngagero bari gugupay...
Geus deukeut manehna ngomong, "Tambahin lagi dong mas, jangan segitu amat..."
"nggak ah.." Ceuk kuring tahan harga. Tawar rebut tawar antukna si emang
satuju hargana 10rebu.
"Yah lumayan panglaris....." ceuk si emang humandeuar.
"Mang urang sunda nya?" ceuk kuring
"Muhun jang, ti Tasik" ceuk manehna bangun nu atoh.
"Euleuh geuning urang lembur" ceuk kuring atoh, "abdi ge ti sunda mang urang
sumedang, ngan nyingcet hehe..."
Asa ray karunya rek nambahan deui keur mayar kolor, tapi dompet lepet,
usahana ukur tapa jeung tama. Menta ka kabogoh teu wasa, gini-gini juga kan
bukan cowo matre.heuheu....
sonirosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
siganamah si akang sono ngangge pajeng di lapngn simpang
lima...he..he..
baktos
sonirosa
www.bolotot.com
----- Original Message -----
From: Dadi Kurniadi
To: [email protected]
Sent: Monday, February 25, 2008 1:21 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Tumanya Ngeunaan KUSNETto Kang dede solehudin
Nyarios perkawis Semarang, sok kagagas ka mangsa katukang....jaman kuring
sakola.
Geus siga Kumaha ayeuna Semarang Kang???
Sono ka Simpang Lima ..
Sono ka Gunung ungaran tempat biasa kuring naek gunung mun malem
minggu....jeung calon kabogoh....(baheula).
Sono ka Candi Sewu.....
Sono ka tlogosari...tempat kuring apel bari sasamunian da kolot awewena
ulaheun....
Sono ka Gayamsari, tempat kuring kost....
Sono ka ...ah.....sono weh.....
Ari kang Dede dimana na? insya Allah kuring aya rencana rek ngadon liburan
kaditu jeung keluarga, punten we engke pang ngabookingkeun hotel nu caket ka
simpang lima....tapi duka iraha....
dede solehudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sok gera hog hag masalah plasa, square jeung liana-liana deui.
kuring mah moal miluan. jauh kuring mah di semarang, jadi teu pati apal bandung.
nu pang apalna na teh cicaheum we jeung Istana Plasa.
eh hiji deui tempat dahar nu di jalan Padjajaran, naon atu nagarana.....?
pokonamah nu nyadiakeu masakan sunda....ngeunah pisan harita dahar didinya...
pokonamah nagarana teh aya Ma........
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.