Mangga Dua Square di Jakarta aya keneh malah ngaageungan. Sigana satungtung nami sanes disahkeun sebagey badan/entitas hukum..tiasa wae dianggo.
On 2/18/08, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Keur referensi mangga tengetkeun: > Conto kasus hukum: > Square diaku ku CITOS, Cilandak Town Squire jadi trade mark. Tapi > dibatalkeun da Squire mah istilah publik teu kaci dijadikeun trade mark, > sarua jeung center/centre, mall jste. > > Kasus lain nu can puguh putusan hukum tapi dianggap teu etis nyaeta aya > pihak nu ngaTrade mark keun istilah umum nu balukarna matak ngahesekeun > balarea: > 1. Aqua nu hartina cai diaku ku Aqua Golden Missisippi, jadi nu nyieun cai > kemasan teu meunang make "Aqua"; > 2. Electronic Data Interchange (EDI) dipake jadi PT EDI. > > Nu diwidang hukum, marketing cigana bisa ngabedel KUSNET. Sok atuh > kalaluar....dusunan atawa kumaha ieu teh? > > JP > > > Makarya Mawa Raharja > > > ----- Original Message ---- > From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Sunday, February 17, 2008 8:56:01 PM > Subject: Re: [Urang Sunda] Tumanya Ngeunaan KUSNET > > Rampes aki. Kumaha cageur? Kumaha tuluyna carpon nu dipostingkeun dina > kusnet.ning. com teh? Asa gantung denge, da alus pisan tah carpon teh. > > > > Kuring mah moal loba mairan dina jejer ieu, ngan rek ngaluarkeun eusi hate > saperti kieu: > > > > Dina kusnet.ning. com (web urang Sunda anu diluluguan / dijieun ku kang > Maya, nonoman Sunda lulusan STT Telkom anu gede sumangetna), aya kecap > kusnet dina URL-na, sarta tulisan KOMUNITAS URANG SUNDA DI INTERNET dina > kaca hareupna. > > > > Pamenta MJ dina jejer "kang Maya & Web KUsnet na", saperti kieu: > > > > Punten pisan kang, saena web akang, www.kusnet.ning. > com<http://www.kusnet.ning.com/>, > ditambihan seratan, sanes web resmi milis [EMAIL PROTECTED] > ups.com<[email protected]> > > Tapi kaci diserat nyambung atanapi afiliasi ka milis [EMAIL PROTECTED] > ups.com <[email protected]> > > Asana nu resmi mah urangsunda.com, urangsunda.net. > > > > Jigana pamenta MJ teh dumasar kana tulisan nu aya dina kaca hareup > ttp://groups. yahoo.com/ group/urangsunda / anu unina: > > > > Komunitas Urang Sunda di Internet (KUSNet). > Forum ieu ngahaja diwangun pikeun tempat 'komunikasi' masyarakat Sunda nu > aya di sakuliah dunya. Ngaliwatan forum ieu sadaya anggotana tiasa > ngedalkeun sagala katugenah, tukeur pikiran, ngadongeng, ngabodor :-), ... > pokona mah bebas bade naon bae asal tetep ngajaga sopan santun 'komunikasi' > di internet (netiket). Hayu urang gunakeun forum ieu pikeun ngamumule basa > jeung budaya urang ... Sunda! > > > > Jadi ku lantaran aya kecap nu sarua "Komunitas Urang Sunda di Internet" > dina web-na kang Maya jeung kaca hareup http://groups. > yahoo.com/group/urangsunda / (milis urangsunda) sedengkeun MJ nganggap eiu > ngaran teh > ngaran resmi ieu milis sarta ngaharepkeun web lianna negeskeun yen nu lian > web resmi ieu milis. > > > > Sabenerna kecap-kecap ieu teh domain masarakat umum. Beda jeung istilah > Rinso, Rohto, henteu samaneah anu bisa ngaku sanajan sok ngagunakeun. > > > > Lantaran terminologi "Komunitas Urang Sunda di Internet" teh sifatna umum, > dipimilik kolektif ku saha wae urang Sunda anu ngulampreng di jagat maya, > nya rada susah lamun kudu diasosiasikeun ka hiji golongan di jagat maya mah. > Lamun ngaran ieu dipake ku hiji golongan di jagat maya. Kumaha lamun aya > sagolongan urang Sunda lianna nu kukulamprengan di jagat maya (bagian / > anggota komunitas urang Sunda di Internet) tapi lain anggota eta golongan. > Jadi barabe. Alusna ieu ngaran teh teu dipake trade mark (ngaran nu jadi > hak) ku dua pihak boh pihak MJ boh pihak kang Maya. Lamun rek make > trademark, pake nu spesifik saperti conto Rinso jeung Rohto di luhur sarta > kudu boga kakuatan hukum. Lamun dipake lain pikeun trade mark mah saha wae > meunang ngagunakeunana da ngaranna ge istilah umum. Sok wae tanyakeun ka > ahli nu sok ngurus trademark, haki jeung sabangsana. > > > > Sakitu wae ti kuring mah, aki. Sok wae teang jalan kaluar sejen lamun > pamikiran kuring henteu cob mah. > > > > Aschev > > > > > > > ----- Original Message ---- > From: Kuncen Cimanuk <kang_gibson@ yahoo.com> > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com > Sent: Saturday, February 16, 2008 10:08:29 PM > Subject: [Urang Sunda] Tumanya Ngeunaan KUSNET > > Sampurasun.. .. > Sateuacanna kuring ngedalkeun pamaksudan anu utama, nyaritakeun > naon-naon anu dikemu na angen-angen, tiheula sim kuring seja brukbrak > yĕn sim kuring geus rada lila teu aktif di milis kasundaan, boh milis > Urang Sunda, Ki Sunda, nya kitu ogĕ Baraya Sunda, kaasup Gank > Lĕboy. > Kusabab kitu kanyaho kuring ngeunaan: naon ari kusnĕt (lian ti > kapanjanganana nyaeta Komunitas Urang Sunda di Internĕ t), kasang > tukang, perjalanan sareng sagala hal anu aya patula-patalina jeung > milis kasundaan, kuring teu apal. > > Kusabab kitu, boh bilih naon-naon anu dikedalkeun ku simkuring teu > merenah tur lain dina tempatna, tipayun sim kuring sejak mĕta > pangampura ka balarĕa, khususna ka para inohong KUSNĕT (duka > saha-sahana mah). Geus lila sabenerna mah ieu pasualan teh ngancik > dina pikiran kuring, tatapi teu dianggap penting pikeun dipersoalkeun. > Tatpi kiwari, ku acayana pabĕntar paham antara sababaraha pihak > ngeunaan hal ieu, sim kuring jadi nganggap perlu hal ieu diadurenyomkeun. > > Maksud sim kuring, nyaĕta seja tumanya ngenaan: > > 1) Upami KUSNĔT sacara harfiah nyaeta wancikan tina KOMUNITAS URANG > SUNDA DI INTERNĕ T naha sadaya situs umum (web, portal, forum, milis > jrrd), anu diwangun kalayan wanda kasundaan tur dijieun pikeun umumna > masyarakat Sunda (US) sarta ngemu tujuan pikeun kamajuan jeung > kamekaran Ki SUNDA, naha eta situs sareng milis teh tiasa disebut > KUSNĔT? > 2) Sim kuring salami ieu (duka salah benerna mah) nganggap milis Urang > Sunda, Ki Sunda, Baraya Sunda, kaasup Gank Leboy, kitu oge web > urangsunda jeung anu lianna anu sajenis, taya lian ti varian tina anu > disebut KUSNĔT. Naha pikiran sim kuring teh salah atawa hanteu? > 3) Sim kuring nengetan dina sababaraha lalayang (posting) di milis > urangsunda, sim kuring tepi kana kacindekan yen KUSNĔT teh mangrupa > "label" (tetelahan, lalandian, ngaran) anu jadi "milik" resmi web > www.urangsunda. net ? Hal ieu sigana anu janten kasang tukang yen web > anu ngangge label KUSNĔT, kedah aya disahandapeun (afiliasi) > www.urangsunda. net atawa milis > http://groups. yahoo.com/ group/urangsunda > /.<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/>Naha kacindekan kuring teh > salah atawa hanteu? > 4) Pikiran dina patalekan-patalekan di luhur, bisa mawa kana > kacindekan yĕn: milis jeung ramat-loka umum anu pamilonna urang Sunda > sarta eusi tur tujuanana madungdengkeun masalah-masalah kasundaan > samodĕl Ki Sunda, oge Baraya Sunda jeung anu lianna, kudu jadi > afiliasi jeung varian tina KUSNĔT anu wujud resmina nyaeta > www.urangsunda. net. Naha kacindekan kitu tĕh bisa dibenerkeun atawa > hanteu? > > Lamun kapandang kuring di luhur bener, kuring rada hariwang bakal aya > masalah anu leuwih rongkah batan anu ayeuna dipasualkeun di milis > urangsunda. Anu bakal ngarasa kasigeung lain ngan saukur forum anu > dijieun ku Mang Maya (?) tatapi sakumna milis lianna anu sajenis, > khususna para kuncenna jeung anu ngarintisna; da ari pamilonna mah > geuning lolobana mah eta-eta keneh. > > Sakitu heula ti sim kuring anu laif pangarti, taya pangabisa tur jauh > ka bisa disebut wijaksana. > > Baktos Kuring > > KGB ----- > > > > > ------------------------------ > Never miss a thing. Make Yahoo your > homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs> > > > > > ------------------------------ > Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! > Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping> > > >

