Rampes aki. Kumaha cageur? Kumaha tuluyna carpon nu dipostingkeun dina 
kusnet.ning.com teh? Asa gantung denge, da alus pisan tah carpon teh.
 
Kuring mah moal loba mairan dina jejer ieu, ngan rek ngaluarkeun eusi hate 
saperti kieu:
 
Dina kusnet.ning.com (web urang Sunda anu diluluguan / dijieun ku kang Maya, 
nonoman Sunda lulusan STT Telkom anu gede sumangetna), aya kecap kusnet dina 
URL-na, sarta tulisan KOMUNITAS URANG SUNDA DI INTERNET dina kaca hareupna.
 
Pamenta MJ dina jejer ”kang Maya & Web KUsnet na”, saperti kieu:
 
Punten pisan kang, saena web akang, www.kusnet.ning. com, ditambihan seratan, 
sanes web resmi milis [EMAIL PROTECTED] ups.com
Tapi kaci diserat nyambung atanapi afiliasi ka milis [EMAIL PROTECTED] ups.com
Asana nu resmi mah urangsunda.com, urangsunda.net.
 
Jigana pamenta MJ teh dumasar kana tulisan nu aya dina kaca hareup 
ttp://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ anu unina:
 
Komunitas Urang Sunda di Internet (KUSNet). 
Forum ieu ngahaja diwangun pikeun tempat 'komunikasi' masyarakat Sunda nu aya 
di sakuliah dunya. Ngaliwatan forum ieu sadaya anggotana tiasa ngedalkeun 
sagala katugenah, tukeur pikiran, ngadongeng, ngabodor :-), ... pokona mah 
bebas bade naon bae asal tetep ngajaga sopan santun 'komunikasi' di internet 
(netiket). Hayu urang gunakeun forum ieu pikeun ngamumule basa jeung budaya 
urang ... Sunda!
 
Jadi ku lantaran aya kecap nu sarua ”Komunitas Urang Sunda di Internet” dina 
web-na kang Maya jeung kaca hareup http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ 
(milis urangsunda) sedengkeun MJ nganggap eiu ngaran teh ngaran resmi ieu milis 
sarta ngaharepkeun web lianna negeskeun yen nu lian web resmi ieu milis.
 
Sabenerna kecap-kecap ieu teh domain masarakat umum. Beda jeung istilah Rinso, 
Rohto, henteu samaneah anu bisa ngaku sanajan sok ngagunakeun.
 
Lantaran terminologi ”Komunitas Urang Sunda di Internet” teh sifatna umum, 
dipimilik kolektif ku saha wae urang Sunda anu ngulampreng di jagat maya, nya 
rada susah lamun kudu diasosiasikeun ka hiji golongan di jagat maya mah. Lamun 
ngaran ieu dipake ku hiji golongan di jagat maya. Kumaha lamun aya sagolongan 
urang Sunda lianna nu kukulamprengan di jagat maya (bagian / anggota komunitas 
urang Sunda di Internet) tapi lain anggota eta golongan. Jadi barabe. Alusna 
ieu ngaran teh teu dipake trade mark (ngaran nu jadi hak) ku dua pihak boh 
pihak MJ boh pihak kang Maya. Lamun rek make trademark, pake nu spesifik 
saperti conto Rinso jeung Rohto di luhur sarta kudu boga kakuatan hukum. Lamun 
dipake lain pikeun trade mark mah saha wae meunang ngagunakeunana da ngaranna 
ge istilah umum. Sok wae tanyakeun ka ahli nu sok ngurus trademark, haki jeung 
sabangsana.
 
Sakitu wae ti kuring mah, aki. Sok wae teang jalan kaluar sejen lamun pamikiran 
kuring henteu cob mah.
 
Aschev

 





----- Original Message ----
From: Kuncen Cimanuk <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, February 16, 2008 10:08:29 PM
Subject: [Urang Sunda] Tumanya Ngeunaan KUSNET

Sampurasun.. ..
Sateuacanna kuring ngedalkeun pamaksudan anu utama, nyaritakeun
naon-naon anu dikemu na angen-angen, tiheula sim kuring seja brukbrak
y&#277;n sim kuring geus rada lila teu aktif di milis kasundaan, boh milis
Urang Sunda, Ki Sunda, nya kitu og&#277; Baraya Sunda, kaasup Gank L&#277;boy.
Kusabab kitu kanyaho kuring ngeunaan: naon ari kusn&#277;t (lian ti
kapanjanganana nyaeta Komunitas Urang Sunda di Intern&#277; t), kasang
tukang, perjalanan sareng sagala hal anu aya patula-patalina jeung
milis kasundaan, kuring teu apal. 

Kusabab kitu, boh bilih naon-naon anu dikedalkeun ku simkuring teu
merenah tur lain dina tempatna, tipayun sim kuring sejak m&#277;ta
pangampura ka balar&#277;a, khususna ka para inohong KUSN&#277;T (duka
saha-sahana mah). Geus lila sabenerna mah ieu pasualan teh ngancik
dina pikiran kuring, tatapi teu dianggap penting pikeun dipersoalkeun.
Tatpi kiwari, ku acayana pab&#277;ntar paham antara sababaraha pihak
ngeunaan hal ieu, sim kuring jadi nganggap perlu hal ieu diadurenyomkeun.

Maksud sim kuring, nya&#277;ta seja tumanya ngenaan:

1) Upami KUSN&#276;T sacara harfiah nyaeta wancikan tina KOMUNITAS URANG
SUNDA DI INTERN&#277; T naha sadaya situs umum (web, portal, forum, milis
jrrd), anu diwangun kalayan wanda kasundaan tur dijieun pikeun umumna
masyarakat Sunda (US) sarta ngemu tujuan pikeun kamajuan jeung
kamekaran Ki SUNDA, naha eta situs sareng milis teh tiasa disebut KUSN&#276;T?
2) Sim kuring salami ieu (duka salah benerna mah) nganggap milis Urang
Sunda, Ki Sunda, Baraya Sunda, kaasup Gank Leboy, kitu oge web
urangsunda jeung anu lianna anu sajenis, taya lian ti varian tina anu
disebut KUSN&#276;T. Naha pikiran sim kuring teh salah atawa hanteu? 
3) Sim kuring nengetan dina sababaraha lalayang (posting) di milis
urangsunda, sim kuring tepi kana kacindekan yen KUSN&#276;T teh mangrupa
"label" (tetelahan, lalandian, ngaran) anu jadi "milik" resmi web
www.urangsunda. net ? Hal ieu sigana anu janten kasang tukang yen web
anu ngangge label KUSN&#276;T, kedah aya disahandapeun (afiliasi)
www.urangsunda. net atawa milis
http://groups. yahoo.com/ group/urangsunda /. Naha kacindekan kuring teh
salah atawa hanteu?
4) Pikiran dina patalekan-patalekan di luhur, bisa mawa kana
kacindekan y&#277;n: milis jeung ramat-loka umum anu pamilonna urang Sunda
sarta eusi tur tujuanana madungdengkeun masalah-masalah kasundaan
samod&#277;l Ki Sunda, oge Baraya Sunda jeung anu lianna, kudu jadi
afiliasi jeung varian tina KUSN&#276;T anu wujud resmina nyaeta
www.urangsunda. net. Naha kacindekan kitu t&#277;h bisa dibenerkeun atawa
hanteu?

Lamun kapandang kuring di luhur bener, kuring rada hariwang bakal aya
masalah anu leuwih rongkah batan anu ayeuna dipasualkeun di milis
urangsunda. Anu bakal ngarasa kasigeung lain ngan saukur forum anu
dijieun ku Mang Maya (?) tatapi sakumna milis lianna anu sajenis,
khususna para kuncenna jeung anu ngarintisna; da ari pamilonna mah
geuning lolobana mah eta-eta keneh.

Sakitu heula ti sim kuring anu laif pangarti, taya pangabisa tur jauh
ka bisa disebut wijaksana.

Baktos Kuring

KGB -----





      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke