Ari pikeun kuring pribadi mah satuju pisan KUSNET  lain trade mark. Hartina 
bisa dipake ku cing saha wae anu  mikahayang make istilah eta. Beda jeung RINSO 
atawa ROHTO. Kaharti pisan bedana.
   
  Tapi naha  bet lumpat kana  perkara "aing jeung sia" nya padugengan teh ?.
   
  Tapi ketang teu nanaon, masih aya pulunageunanana. 
   
  Sok we lah sing rame

Aschev Schuraschev wrote:          
      
  Jigana pamenta MJ teh dumasar kana tulisan nu aya dina kaca hareup 
ttp://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ anu unina:
  
  Komunitas Urang Sunda di Internet (KUSNet). 
Forum ieu ngahaja diwangun pikeun tempat 'komunikasi' masyarakat Sunda nu aya 
di sakuliah dunya. Ngaliwatan forum ieu sadaya anggotana tiasa ngedalkeun 
sagala katugenah, tukeur pikiran, ngadongeng, ngabodor :-), ... pokona mah 
bebas bade naon bae asal tetep ngajaga sopan santun 'komunikasi' di internet 
(netiket). Hayu urang gunakeun forum ieu pikeun ngamumule basa jeung budaya 
urang ... Sunda!
  
  Jadi ku lantaran aya kecap nu sarua �Komunitas Urang Sunda di Internet� 
dina web-na kang Maya jeung kaca hareup 
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ (milis urangsunda) sedengkeun MJ 
nganggap eiu ngaran teh ngaran resmi ieu milis sarta ngaharepkeun web lianna 
negeskeun yen nu lian web resmi ieu milis.
  
  Sabenerna kecap-kecap ieu teh domain masarakat umum. Beda jeung istilah 
Rinso, Rohto, henteu samaneah anu bisa ngaku sanajan sok ngagunakeun.
  
  Lantaran terminologi �Komunitas Urang Sunda di Internet� teh sifatna 
umum, dipimilik kolektif ku saha wae urang Sunda anu ngulampreng di jagat maya, 
nya rada susah lamun kudu diasosiasikeun ka hiji golongan di jagat maya mah. 
Lamun ngaran ieu dipake ku hiji golongan di jagat maya. Kumaha lamun aya 
sagolongan urang Sunda lianna nu kukulamprengan di jagat maya (bagian / anggota 
komunitas urang Sunda di Internet) tapi lain anggota eta golongan. Jadi barabe. 
Alusna ieu ngaran teh teu dipake trade mark (ngaran nu jadi hak) ku dua pihak 
boh pihak MJ boh pihak kang Maya. Lamun rek make trademark, pake nu spesifik 
saperti conto Rinso jeung Rohto di luhur sarta kudu boga kakuatan hukum. Lamun 
dipake lain pikeun trade mark mah saha wae meunang ngagunakeunana da ngaranna 
ge istilah umum. Sok wae tanyakeun ka ahli nu sok ngurus trademark, haki jeung 
sabangsana.

Kirim email ke