Nyarios perkawis Semarang, sok kagagas ka mangsa katukang....jaman kuring
sakola.
Geus siga Kumaha ayeuna Semarang Kang???
Sono ka Simpang Lima ..
Sono ka Gunung ungaran tempat biasa kuring naek gunung mun malem
minggu....jeung calon kabogoh....(baheula).
Sono ka Candi Sewu.....
Sono ka tlogosari...tempat kuring apel bari sasamunian da kolot awewena
ulaheun....
Sono ka Gayamsari, tempat kuring kost....
Sono ka ...ah.....sono weh.....
Ari kang Dede dimana na? insya Allah kuring aya rencana rek ngadon liburan
kaditu jeung keluarga, punten we engke pang ngabookingkeun hotel nu caket ka
simpang lima....tapi duka iraha....
dede solehudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sok gera hog hag masalah plasa, square jeung liana-liana deui.
kuring mah moal miluan. jauh kuring mah di semarang, jadi teu pati apal
bandung.
nu pang apalna na teh cicaheum we jeung Istana Plasa.
eh hiji deui tempat dahar nu di jalan Padjajaran, naon atu nagarana.....?
pokonamah nu nyadiakeu masakan sunda....ngeunah pisan harita dahar didinya...
pokonamah nagarana teh aya Ma........