Sigana nu pangheulana make istilah Square teh salah sahiji parapatan di manhattan NYC nu pangsohorna sadunya, Times Square. Saacan square dipake di urang aya istilah plaza atawa plasa. Di Bandung nu munggaran asana Aneka Plaza, pusat elektronik di Kosambi, terus Bandung Indah Plaza. Plaza aslina ti bahasa italia Piaza. Sarupaning alun2 hareupeun hiji gedong, meureun.
Ieu mah ngetes outlook express On 2/18/08, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Keur referensi mangga tengetkeun: Conto kasus hukum: Square diaku ku CITOS, Cilandak Town Squire jadi trade mark. Tapi dibatalkeun da Squire mah istilah publik teu kaci dijadikeun trade mark, sarua jeung center/centre, mall jste. Kasus lain nu can puguh putusan hukum tapi dianggap teu etis nyaeta aya pihak nu ngaTrade mark keun istilah umum nu balukarna matak ngahesekeun balarea: 1. Aqua nu hartina cai diaku ku Aqua Golden Missisippi, jadi nu nyieun cai kemasan teu meunang make "Aqua"; 2. Electronic Data Interchange (EDI) dipake jadi PT EDI. Nu diwidang hukum, marketing cigana bisa ngabedel KUSNET. Sok atuh kalaluar....dusunan atawa kumaha ieu teh? JP Makarya Mawa Raharja ----- Original Message ---- From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Sunday, February 17, 2008 8:56:01 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Tumanya Ngeunaan KUSNET Rampes aki. Kumaha cageur? Kumaha tuluyna carpon nu dipostingkeun dina kusnet.ning. com teh? Asa gantung denge, da alus pisan tah carpon teh. Kuring mah moal loba mairan dina jejer ieu, ngan rek ngaluarkeun eusi hate saperti kieu: Dina kusnet.ning. com (web urang Sunda anu diluluguan / dijieun ku kang Maya, nonoman Sunda lulusan STT Telkom anu gede sumangetna), aya kecap kusnet dina URL-na, sarta tulisan KOMUNITAS URANG SUNDA DI INTERNET dina kaca hareupna. Pamenta MJ dina jejer "kang Maya & Web KUsnet na", saperti kieu: Punten pisan kang, saena web akang, <http://www.kusnet.ning.com/> www.kusnet.ning. com, ditambihan seratan, sanes web resmi milis <mailto:[email protected]> [EMAIL PROTECTED] ups.com Tapi kaci diserat nyambung atanapi afiliasi ka milis <mailto:[email protected]> [EMAIL PROTECTED] ups.com Asana nu resmi mah <http://urangsunda.com/> urangsunda.com, <http://urangsunda.net/> urangsunda.net. Jigana pamenta MJ teh dumasar kana tulisan nu aya dina kaca hareup ttp://groups. yahoo.com/ group/urangsunda / anu unina: Komunitas Urang Sunda di Internet (KUSNet). Forum ieu ngahaja diwangun pikeun tempat 'komunikasi' masyarakat Sunda nu aya di sakuliah dunya. Ngaliwatan forum ieu sadaya anggotana tiasa ngedalkeun sagala katugenah, tukeur pikiran, ngadongeng, ngabodor :-), ... pokona mah bebas bade naon bae asal tetep ngajaga sopan santun 'komunikasi' di internet (netiket). Hayu urang gunakeun forum ieu pikeun ngamumule basa jeung budaya urang ... Sunda! Jadi ku lantaran aya kecap nu sarua "Komunitas Urang Sunda di Internet" dina web-na kang Maya jeung kaca hareup http://groups <http://groups/> . yahoo.com/ group/urangsunda / (milis urangsunda) sedengkeun MJ nganggap eiu ngaran teh ngaran resmi ieu milis sarta ngaharepkeun web lianna negeskeun yen nu lian web resmi ieu milis. Sabenerna kecap-kecap ieu teh domain masarakat umum. Beda jeung istilah Rinso, Rohto, henteu samaneah anu bisa ngaku sanajan sok ngagunakeun. Lantaran terminologi "Komunitas Urang Sunda di Internet" teh sifatna umum, dipimilik kolektif ku saha wae urang Sunda anu ngulampreng di jagat maya, nya rada susah lamun kudu diasosiasikeun ka hiji golongan di jagat maya mah. Lamun ngaran ieu dipake ku hiji golongan di jagat maya. Kumaha lamun aya sagolongan urang Sunda lianna nu kukulamprengan di jagat maya (bagian / anggota komunitas urang Sunda di Internet) tapi lain anggota eta golongan. Jadi barabe. Alusna ieu ngaran teh teu dipake trade mark (ngaran nu jadi hak) ku dua pihak boh pihak MJ boh pihak kang Maya. Lamun rek make trademark, pake nu spesifik saperti conto Rinso jeung Rohto di luhur sarta kudu boga kakuatan hukum. Lamun dipake lain pikeun trade mark mah saha wae meunang ngagunakeunana da ngaranna ge istilah umum. Sok wae tanyakeun ka ahli nu sok ngurus trademark, haki jeung sabangsana. Sakitu wae ti kuring mah, aki. Sok wae teang jalan kaluar sejen lamun pamikiran kuring henteu cob mah. Aschev ----- Original Message ---- From: Kuncen Cimanuk <kang_gibson@ yahoo.com <http://yahoo.com/> > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com <http://ups.com/> Sent: Saturday, February 16, 2008 10:08:29 PM Subject: [Urang Sunda] Tumanya Ngeunaan KUSNET Sampurasun.. .. Sateuacanna kuring ngedalkeun pamaksudan anu utama, nyaritakeun naon-naon anu dikemu na angen-angen, tiheula sim kuring seja brukbrak yĕn sim kuring geus rada lila teu aktif di milis kasundaan, boh milis Urang Sunda, Ki Sunda, nya kitu ogĕ Baraya Sunda, kaasup Gank Lĕboy. Kusabab kitu kanyaho kuring ngeunaan: naon ari kusnĕt (lian ti kapanjanganana nyaeta Komunitas Urang Sunda di Internĕ t), kasang tukang, perjalanan sareng sagala hal anu aya patula-patalina jeung milis kasundaan, kuring teu apal. Kusabab kitu, boh bilih naon-naon anu dikedalkeun ku simkuring teu merenah tur lain dina tempatna, tipayun sim kuring sejak mĕta pangampura ka balarĕa, khususna ka para inohong KUSNĕT (duka saha-sahana mah). Geus lila sabenerna mah ieu pasualan teh ngancik dina pikiran kuring, tatapi teu dianggap penting pikeun dipersoalkeun. Tatpi kiwari, ku acayana pabĕntar paham antara sababaraha pihak ngeunaan hal ieu, sim kuring jadi nganggap perlu hal ieu diadurenyomkeun. Maksud sim kuring, nyaĕta seja tumanya ngenaan: 1) Upami KUSNĔT sacara harfiah nyaeta wancikan tina KOMUNITAS URANG SUNDA DI INTERNĕ T naha sadaya situs umum (web, portal, forum, milis jrrd), anu diwangun kalayan wanda kasundaan tur dijieun pikeun umumna masyarakat Sunda (US) sarta ngemu tujuan pikeun kamajuan jeung kamekaran Ki SUNDA, naha eta situs sareng milis teh tiasa disebut KUSNĔT? 2) Sim kuring salami ieu (duka salah benerna mah) nganggap milis Urang Sunda, Ki Sunda, Baraya Sunda, kaasup Gank Leboy, kitu oge web urangsunda jeung anu lianna anu sajenis, taya lian ti varian tina anu disebut KUSNĔT. Naha pikiran sim kuring teh salah atawa hanteu? 3) Sim kuring nengetan dina sababaraha lalayang (posting) di milis urangsunda, sim kuring tepi kana kacindekan yen KUSNĔT teh mangrupa "label" (tetelahan, lalandian, ngaran) anu jadi "milik" resmi web www.urangsunda. net ? Hal ieu sigana anu janten kasang tukang yen web anu ngangge label KUSNĔT, kedah aya disahandapeun (afiliasi) www.urangsunda. net atawa milis http://groups. <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/> yahoo.com/ group/urangsunda /. Naha kacindekan kuring teh salah atawa hanteu? 4) Pikiran dina patalekan-patalekan di luhur, bisa mawa kana kacindekan yĕn: milis jeung ramat-loka umum anu pamilonna urang Sunda sarta eusi tur tujuanana madungdengkeun masalah-masalah kasundaan samodĕl Ki Sunda, oge Baraya Sunda jeung anu lianna, kudu jadi afiliasi jeung varian tina KUSNĔT anu wujud resmina nyaeta www.urangsunda. net. Naha kacindekan kitu tĕh bisa dibenerkeun atawa hanteu? Lamun kapandang kuring di luhur bener, kuring rada hariwang bakal aya masalah anu leuwih rongkah batan anu ayeuna dipasualkeun di milis urangsunda. Anu bakal ngarasa kasigeung lain ngan saukur forum anu dijieun ku Mang Maya (?) tatapi sakumna milis lianna anu sajenis, khususna para kuncenna jeung anu ngarintisna; da ari pamilonna mah geuning lolobana mah eta-eta keneh. Sakitu heula ti sim kuring anu laif pangarti, taya pangabisa tur jauh ka bisa disebut wijaksana. Baktos Kuring KGB ----- _____ Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. <http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http:/www.yahoo.com/r/hs> _____ Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. <http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http:/tools.search.yahoo.com/newsearch/ca tegory.php?category=shopping>

