konci  pikeun demokrasi teh aya dina paribasa latin, vox populi vox
dei, sora rahayat sora pangeran. maksudna dina nangtukeun hiji
perkara, ku cara ditangtukeun ku milih: nu loba nu meunang. heuheu.
tapi cek kierkegaard mah, nu loba teh gering. haha.

dina kahirupan sapopoe, demokratis teh rada ngaharib ka egaliter.
sarua hareupeun hukum. sarua jeung konsep islam, kabeh manusa sarua
payuneun pangeran, nu beda mah kualitas kaimanana.

praktek kanagaraan
enya, pamingpin dipilih liwat pamilihan, boh langsung boh diwakilan
boh lam. nu ngawasa nagara, sanajan rahayat nu bogana, diwakilkeun ka
tilu wangun, nyaeta eksekutip, legislatip jeung yudikatip. lativi geus
ganti jadi tvone, anapon tiket kareta eksekutip parahyangan geus turun
da kasaingan ku travel. eh, ngacapruk gening. yudikatip teh, salian ti
urusan mang yudi oge ngurus hukum tea. cek cenah mah trias politika
tea.

eksekutip sarua jeung pemborong, yudikatip nu ngawas-mun teu baleg
dihukum, legislatip minangka bowheer atau nu boga proyek (ngawakilan
rahayat loba). leupas ti praktek di urang cenah teorina mah kitu. jadi
dina pemilu, pangusaha kaci nyeponsoran calona. ke mun si calon
kapilih jadi pamingpin nya jadi akses kana proyek si pangusaha. haha.

tangtara
di tangtara mah teu aya jeung teu meunang demokratis. kumaha komandan,
kumaha nu pangkatna luhur, kumaha panglima. papanglimaan teh api2 jadi
panglima atawa papang limaan ngajajar bareng. heuheu.  jadi mun perang
heug eleh, nu dihukum ku lawan nu meunang, nya jenderal2na. siga nazi
hitler atawa jepang basa eleh PD II.

partey
ayeuna partey di urang geus leuwih ti saratus. sok atuh nyarieun. da
nyieun kawijakan mah ayana dina kakuasaan. aya partey hati nurani
rakyat (hanura) nu wiranto, aya partey peduli rakyat, ppr, si kuring
rek nyieun PNN, partey narsis nasional. heuheu. lobana partey di urang
jadi simbol demokratis tapi oge nandakeun urang teu percaya ka batur
atawa pundungan teh enyaan. teu satuju, jeung keukeuh teu satuju ka
pamingpin partey, kaluar terus nyieun parety anyar. egona karandel
bangsa urang teh. hade, hanjakal karek di dinya. can ka patriotisme
siga kolot baheula. mahal pisan jadina biaya demokrasi teh. demi
demokrasi, trilyunan rupiah dipake. padahal mah tujuan kabeh partey
atawa inohong teh meureun sarua, narekahan sangkan bangsa nagara maju.
loba sora loba gagasan tapi teu nepi2. siga jaman demokrasi terpimpin,
kabinet sababaraha bulan bubar, jadi iraha rek ngawanguna. haha.
demokrasi hms orde baru, ngan pikeun judul wungkul. tapi kaharti oge
da atuh lieur ari sagala rupa kudu dibadamikeun jeung rahayat mah.
tapi pikeun nagara nu wargana saeutik mah, bisa ku cara referendum.
siga urang viking, rek nangtukeun milu make Euro atawa henteu, nya ku
cara referendum.

konsekwensi demokrasi
cek cenah, konsekwensi demokrasi teh kuduna mah nagara kasajahteraan
atawa sosiali demokratis tea, hartina kamakmuran pikeun salobana
rahayat. lain pikeun pajabat. sabab pamingpin dipilih ku rahayat.
pamingpin lain dunungan tapi kepala palayan rahayat. nu kieu hese
keneh da di urang panyawat feodal kandel keneh. sanajan di negeri nu
feodal pisan-maksudna nagarana boga raja, siga di eropa, kahirupan
geus demokratis, salian ti sistem karajaan parlementer, oge kahirupan
geus demokratis pisan-sigana patali jeung tingkat kamatangan bangsa.
raja atawa ratu masih diperlukeun di inggris, jepang, denmark, swedia,
norwegia, thailand, sabab pikeun ngelem bangsa, ngaraketkeun bangsa.
jadi karajaan jeung demokrasi bisa nyambung oge di batur mah.

dina Pancasila aya sila ka 4, n kerakyatan yg dipimpin oleh hikmah
kebijaksanaan dalam permusyawaratan dan perwakilan. asana jentre eta
teh.

teuing nulis naon si kuring teh. haha.


On 3/12/08, Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Akur Wa.....
>   Numawi, pami nga nukilkeun hadist kedah disebatkeun sumberna, hadist
> tisaha, kitab naon, nomor sabaraha,? Supados tiasa maluruhna. Margi ku
> seueurna kitab. malihan hadist2 dohiff oge rebuan. Tah....Pmi disebat keun
> sumberna nembe disebat ilmiah.....kuring bade diajar.
>   Teu kenging ngong-ngang adu remong bari teu disebatkeun timana sumberna,
> bisa2 hadistna tina akal pikiran urang. Pan janten bahaya...komo deui
> ngucapkeun hal2 nu nyangkut syariat bakal dipertanggung jawabkeun di
> akherat.
>   Ari kitu mah ceuk hadist ieu....atawa ceuk hadist itu..... jelas sumberna,
> bakal jelas maluruhna. mun teu cocok pan diakurkeun jeung hadist lian na.
>   Sanes kitu...??
>   Silih bejaan didieu mah da teu kudu diburuhan jeung muruhan....bebas.
>   Komo urang jeung dulur, wajib pisan silih elingan jeung tukeur wawasan.
>   Komo pikeun kuring nu karek diajar agama....peryogi wawasan nu seueur.
>
>
> H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   Leres pisan eta teh...memang henteu masalah..aya seueur pamahaman... lamun
> urang lalayaran cobi aya 3 ratusan aliran pamahaman..anu cenah sadayana
> ngangken ngadasar kana AQ sareng AH..teu masalah. Tapi pan aya oge anu teu
> ngarti .."Hey Islam mah ngan hiji..kunaon mararaneh.. bet beda2 ! ...Tah
> kanu kieu urang kedah dakwah teh...
>
>   On 3/12/08, solihin yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Punten  ngarewong,
> Sakaterang sim kuring hiji masalah dina madhab aqidah, fikih, akhlak,
> pamikiran jrrd.dumasar
> kana  sumber  dalil (referensi)
> sareng metode instinbath ( cara ngagali hukum,fatwa n lian-liana).
> Dina Islam pami teu lepat sumber ajaran teh nu sumber pokok
> nyaeta Al-Quran Al-Hadits
> di tambih
> nu ka tilu Al-Ijtihad (teu patukang tonggong jeung dua nu pokok).
>
> Janten satungtung aya dalilna tina Al-Quran bari tina penafsiran nu teu
> nyaliwang ,
>
>
>
>
>
>
>
>
>           Recent Activity
>
>       12
>   New Members
>
> Visit Your Group
>       Y! Messenger
>   Quick file sharing
>   Send up to 1GB of
>   files in an IM.
>
>     Yahoo! Groups
>   Special K Challenge
> Join others who
>   are losing pounds.
>
>     Yahoo! Groups
>   Mechanic Group
>   What to do after
>   you pop the hood.
>
>
>
>   .
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.


-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

Kirim email ke