PMDK mah, kakaitanana antar lembaga, paguron luhur
sareng sakola anu nyalonkeun siswana. Janten
pangumumanana teh aya di kepala sekolah.Ti kepsek
nembe diembarkeun ka para siswa anu dicalonkeun.
Paguron luhur heunteu masihan "serat panggilan"
langsung ka para siswa peserta PMDK. Upami aya serat
langsung ka orangtua siswa, tong dipalire, eta mah
palsu. Kitu sakaterang si kuring mah "aturan main" anu
aya di UI.

Biasana pendaftaran calon mahasiswa ti jalur PMDK,
diayakeun, sasarengan waktos UMPTN, sahingga calon anu
leres-leres hoyong lebet ngangge jalur PMDK, teu tiasa
ngiringan jalur UMPTN. Upami teu daftar dina waktosna,
calon mahasiswa jalur PMDK dianggap "gugur" atanapi
mengundurkan diri. Biasana mah UI ngan nampi mahasiswa
PMDK teh mung 10 % ( 300 mahasiswa)tina jumlah
mahasiswa anu ditampi ngangge jalur UMPTN.

baktos,

mrachmatrawyani

--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kang Yani, enya kunaon cenah eta para rektor teh,
> ngan sababaraha bulan deui
> ka seleksi mahasiswa anyar, hayoh ribut rek nyieun
> seleksi anyar,
> ngalieurkeun nu rek sakola.
> 
> Aeh, kang Yani, ari PMDK UI iraha pengumumanana nya?
> 
> salam,
> mh



      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke