abdimah resep ngabandungan nu adu renyom masalah agama teh,pada hararebat euy
elmuna..........
tapi keur abdi mah ah sanajan kitu tetep weh mun can bisa ngadegkeun sholat
khusuk mah diakhirna repot pisan. apan cenah salian ti sholat khusuk moal
katarimanya ku ALLAH.
matakna abdi mah heran...nahanya nu dipadungdengkeun teh masalah masalah nu
umum...hehehehe
----- Original Message -----
From: waluya56
To: [email protected]
Sent: Wednesday, March 12, 2008 1:16 PM
Subject: Bls: [Urang Sunda] Re: Demokrasi
***********************
Your mail has been scanned by
Telkom Anti Virus System
***********-***********
> "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Leres pisan eta teh...memang henteu masalah..aya seueur
> pamahaman... lamun urang lalayaran cobi aya 3 ratusan aliran
> pamahaman..anu cenah sadayana
> ngangken ngadasar kana AQ sareng AH..teu masalah. Tapi pan aya oge
> anu teu
> ngarti .."Hey Islam mah ngan hiji..kunaon mararaneh.. bet
> beda2 ! ...Tah
> kanu kieu urang kedah dakwah teh...
Millis oge aya Bah, nu sok rame teh, millis WANITA-MUSLIMAH. Ieu
millis aranna we wanita-muslimah, tapi postinganana mah rupa-rupa.
Lamun macaan postingan di eta millis, bakal katingali yen Islam teh
henteu "hiji". Anggota eta millis, wah macam-macam, ti nu hayangeun
nu ngadegkeun khalifah tepi ka nu Islam nu liberal pisan. Sadayana
didasarkeun ku AQ jeung AH. Pokona mah rame "ngadu dalil".
Lain jalma jore-jore nu sok posting didinya teh, aya Ustadz
Chodizim, nu bukuna jadi best seller, Aya Ustadz HMNA, tokoh MUI
Sulsel nu hayang Sulsel syariah Islam. AYa urang AKhmadyah, Aya
dokter Kartono Muhammad, urut ketua IDI ...jrrd nu karasana ku
kuring mah mani palalinter pisan dina adu argumentasina teh.
Di millis eta, sagala pamandegan, henteu kitu wae diaminan, bakal
didebat, malah bisa bebeakan. Loba nu ngacir teu embol-embol deui,
da beakeun argumentasi .....
Mangga geura carobian, kuring mah enggeus .... kapok, rumasa bodo
ari kudu "ngadu dalil" mah.
Baktos,
WALUYA