ngimeutan kaayaan kiwari, ti  mimiti hahargaan anu
nerekel naek, banjirdeui  dimana-mana, para pangawasa
anu keur beuki "jual beli" permata 'hati' alias harga
diri tug nepi ka "pagetreng" perkara seleksi pikeun
nampa mahasiswa anyar paguron luhur nagri, rarasaan
teh mani asa jadi jalma gelo.

Tapi aya nu leuwih "gelo" deui, upama urang nongton
acara superstar di tv indosiar. Si Sule, urang
Majalengka, gayana bener-bener "ngajungkir balikeun"
konsep tongtonan jeung hiburan acara di televisi. Ciri
khas Sundana katingali pisan. Eta pisan anu "dijual"
jeung dimasyarakatkeun ka sakabeh panongton Indonesia.
Ngabanyol bari jeung boga konsep anu jelas, jarang
dipiboga ku para artis hiburan.

baktos,

mrachmatrawyani




      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke