punten ah abdi asa cocog sareng nu disebatkeun ku abah "Hey Islam mah ngan 
hiji..kunaon mararaneh.. bet beda2 ! ...Tah kanu kieu urang kedah dakwah teh..."
nu janten masalah pami islam masih berkutet dina pandangan ilmu piqih/syariat 
dugi kamana oge moal aya tungtungna kumargi seuueur pisan famahan anu masing 
masih gaduh alesanana.
pamendak simkuring pami urang ngadu renyomkeun masalah islam ku elmu syareat nu 
tangtosna masih ngagunakeun akal pikiran urang salamina moal beres beres pami 
teu disamikeun heula cara pandangna/persepsina.
Tah lamunan sim kuring mah kieu : lamun jalma geus bisa sholat khusuk dimana 
solat khusuk eta anu bakal katarima ku Allah SWT. sabab  Allah moal jalir 
jangji (mangga pilarian suratna AQ) insya ALLAH islam jadi Hiji moal pabaliut 
sabab masing masing meunang kanikmatan tina Habluminallah.
cobi weh ku urang tafakuran naha sholat urang islam teh tos tiasa mencegah 
kamungkaran ?
Naon atuh tujuan akhir urang ngagem agama islam teh ?
Tah kantun tugas urang islam weh milarian kumaha carana solat khusuk sangkan 
bisa ditarima ku ALLAH SWT, lamun urang geus bisa ngadegkeun solat Khusuk 
dimana hadis sareng ayat AL Qur'an tos nyerep kana badan urang tinangtos ahlaq 
urang bakal dikendalikeun ku AQ sareng AH.
salami islam urang masih dipadungdengkeun lewat akal pikiran salami eta bakal 
rame terus.
lamun urang tos ngaraskeun nikmatna ibadah Habluminallah otomatis habluminanas 
bakal nuturkeun nu penting mun urang tos mendakan inti dari pada melaksanakan 
Islam sadaya pemahaman tiasa sami teu beda beda........
* eng ing eng..asa panajang teuing ah...hapunten kanu teu sapagodos....
  ----- Original Message ----- 
  From: H Surtiwa 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, March 12, 2008 12:40 PM
  Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Re: Demokrasi


        ***********************
        Your mail has been scanned by 
        Telkom Anti Virus System
        ***********************

       
  Leres pisan eta teh...memang henteu masalah..aya seueur pamahaman... lamun 
urang lalayaran cobi aya 3 ratusan aliran pamahaman..anu cenah sadayana 
ngangken ngadasar kana AQ sareng AH..teu masalah. Tapi pan aya oge anu teu 
ngarti .."Hey Islam mah ngan hiji..kunaon mararaneh.. bet beda2 ! ...Tah kanu 
kieu urang kedah dakwah teh...



  On 3/12/08, solihin yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 


    Punten  ngarewong,
    Sakaterang sim kuring hiji masalah dina madhab aqidah, fikih, akhlak, 
pamikiran jrrd.dumasar 
    kana  sumber  dalil (referensi) 
    sareng metode instinbath ( cara ngagali hukum,fatwa n lian-liana). 
    Dina Islam pami teu lepat sumber ajaran teh nu sumber pokok 
    nyaeta Al-Quran Al-Hadits 
    di tambih 
    nu ka tilu Al-Ijtihad (teu patukang tonggong jeung dua nu pokok).

    Janten satungtung aya dalilna tina Al-Quran bari tina penafsiran nu teu 
nyaliwang , 

    Al-Hadits ieu seueur rebuan jumlahna pami teu lepat numutkeun salahsawios 
ahli hadits 
    aya 24 kitab hadits nu mu'tabar tiasa dijadikeun hujjah 
    aya nu sahih, hasan jeung dhoif (eta oge aya sahih 'ala Imam Bukhari, 
Muslim, Turmudzi, Hakim, jrrd)
    kabayang tina beda lafad jeung beda tafsir sabaraha nu bakal kaluar fatwa, 
faham jlld

    dina ijtihad,  pami teu lepat aya sapuluh rupi sapertos pembukuan Al-Quran 
dasarna ijma sahabat,
    qiyas, mashalih mursalah, saddudzari'ah, adat jlld.
    Tapi asal teu nyaliwang tina tilu sumber ajaran 
    bari metodena diakui para ulama  bari teu papalingpang jeung pokok ajaran 
Islam 
    hiji paham/aliran bisa diangken.

    Conto nu anyar al-qiyadah nu ngangken aya nabi dumasar penafsiran QS 
Al-Ahzab ayat 30 
    nafsirkeun "khatamannabiyyiin"ku tafsir nu ganjil syadz/teu diakui ulama 
tafsir tur 
    aya hadits soheh nu negeskeun yen Kangjeng Nabi SAW nabi nu panungtung 
    geus sepakat ulama teu aya ijtihad pikeun perkara nu tos aya dalil naqli 
bari qath'i (jelas/pasti) dilalahna
    sedengkeun eta aliran dumasar kana ijtihad lughowi (tafsir bilaqli) kecap 
"khatamunabiyyin"
    teu aya tina Nabi Saw, sahabat r.a, atanapi tabi'inna rhm (tafsir 
bil-ma'tsur)

    bari eta aliran/faham sumberna tina wahyu nu teu diangken
    ulama tos mufakat saparantos nabi saw wafat teu aya deui wahyu 
    makana MUI langsung ngaluarkeun fatwa sesat
    saparantos nalungtik kana referensi tur inti ajaran eta faham/aliran teh.

    Janten beda faham teu jadi masalah asal puguh dalil jeung  metodena
    tos lengkep pokona dina ajaran Islam 
    metodena tos jelas oge sumber .... 
    ah ieu mah punten mamanawian .... 
    www.

    Sy
    nudiajar kutratkotret



    ----- Pesan Asli ----
    Dari: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
    Kepada: [email protected]
    Terkirim: Rabu, 12 Maret, 2008 07:42:26
    Topik: Re: [Urang Sunda] Re: Demokrasi


    Aeh tetep wae aya garis anu teu patepung..pan saur Kang Dadi..pan Islam mah 
seur pamahaman..aya ratusan..sadayana ngaku tina AQ saeng AH. Teras Kang Tessar 
oge keun wae atuh disangka HT oge dan HT oge Islamm..lamun sanes HT mangga 
wae..oge.... Anu ku abdi dianggap henteu patepung garis teh nyaeta padungdeng 
antawis Kayakinan anu diturunkeun tina Syari (naon wae pamahaman0 sareng 
nyarioskeun demokrasi tina domaen kailmuan buatan jelema..Tah ieu mah moal 
patepung. Ulah ujug2 pan demokrasi..bebas ngamukakeun pendapat..leres. .tapi 
benten antawis pendapat anu diturunkeun tina Kayakinan areng pendapat rasonal 
tina ilmu jelema /populer wae...



    On 3/11/08, Tessar Wardhana <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: 
       
      > ------------ --------- --------- ---
      > Be a better friend, newshound, and know-it-all with
      > Yahoo! Mobile. Try it now.

      ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
      Never miss a thing. Make Yahoo your home page. 
      http://www.yahoo. com/r/hs




     

     


----------------------------------------------------------------------------
    Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers 





   

Kirim email ke