Kang Yani, enya kunaon cenah eta para rektor teh, ngan sababaraha bulan deui ka seleksi mahasiswa anyar, hayoh ribut rek nyieun seleksi anyar, ngalieurkeun nu rek sakola.
Aeh, kang Yani, ari PMDK UI iraha pengumumanana nya? salam, mh On 3/13/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ngimeutan kaayaan kiwari, ti mimiti hahargaan anu > nerekel naek, banjirdeui dimana-mana, para pangawasa > anu keur beuki "jual beli" permata 'hati' alias harga > diri tug nepi ka "pagetreng" perkara seleksi pikeun > nampa mahasiswa anyar paguron luhur nagri, rarasaan > teh mani asa jadi jalma gelo. > > Tapi aya nu leuwih "gelo" deui, upama urang nongton > acara superstar di tv indosiar. Si Sule, urang > Majalengka, gayana bener-bener "ngajungkir balikeun" > konsep tongtonan jeung hiburan acara di televisi. Ciri > khas Sundana katingali pisan. Eta pisan anu "dijual" > jeung dimasyarakatkeun ka sakabeh panongton Indonesia. > Ngabanyol bari jeung boga konsep anu jelas, jarang > dipiboga ku para artis hiburan. > > baktos, > > mrachmatrawyani > > __________________________________________________________ > Never miss a thing. Make Yahoo your home page. > http://www.yahoo.com/r/hs > >

