Nu paling kesel mah eta elpiji Bah!. Ongkoh sina pindah tina minyak tanah kana elpiji, ari geus pindah, elpijina langka. Ieu oge akibat subsidi. Elpiji 50 kg teu disubsidi akibatna nu biasa make elpiji 50 kg, pararindah kana tabung elpiji nu laleutik. Langka weh elpiji tabung leutik. Kuduna mah lamun rek disubsidi, subsidi kabeh atawa henteu sakalian. ARi sabagian-sabagian mah akibatna nya jadi kieu, nu untung kaum spekulan jeung calo. Moal enya tabung elpiji 12 kg hargana tepika 800 rewu- 1 juta?
Kahareup cenah lamun meuli bensin kudu make "smart card". Rencanana mobil umum atawa motor nu make "smart card" ari mobil pribadi mah teu make, nu hartina kudu meuli bengsin non subsidi. Ieu oge lain tanpa akibat, lamun harga bengsin nu disubsidi beda jauh jeung harga bengsin nu teu disubsidi. Mobil umum bisa moal jaralan, kunu bogana ukur dipake meulian bengsin nu disubsidi, terus dijualan, untungna bisa leuwih gede tinimbang narik penumpang! [Kungsi ngalaman hese bengsin di Atambua, sabab diselundupkeun ka Timor Timur nu hargana 2 x leuwih mahal tibatan di Indonesia] Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: H Surtiwa Tah leres kang W ..eta anu dagang di pasar teh sok ..tuturut munding...pas BBM anek..hayoh we sagala naek...kalebet langganan abdi tukang daun sampeu..anu nyandak dagangannana kapasar Pondok labu teh nganggo sapedah.."Kunaon Mang make ngiring naek...pan teu nganggo bengsin". Pokna.." Ari batur naek mah .nya naek we..eta mah wajib "...tah kumaha ?

