Tah leres kang W ..eta anu dagang di pasar teh sok ..tuturut munding...pas
BBM anek..hayoh we sagala naek...kalebet langganan abdi tukang daun
sampeu..anu nyandak dagangannana kapasar Pondok labu teh nganggo
sapedah.."Kunaon Mang make ngiring naek...pan teu nganggo  bengsin".
Pokna.." Ari batur naek mah .nya naek we..eta mah wajib "...tah kumaha ?

On 5/13/08, h_supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   sapuk...
> si kuring satuju subsidi BBM di-euweuhkeun...
> - kahiji, subsidi teh ngabobodo... jelema miskin ngarasa beunghar,
> padahal mah beunghar ku subsidi
> - kadua, golongan nu narima mangpaat tina subsidi BBM panggedena
> nyaeta golongan menengah ka luhur (golongan elit nu sok
> geugeuleuyeungan make mobil)... da golongan handap mah makena oge ngan
> saeutik...
> - katilu, mun subsidi BBM diteruskeun, APBN aya kamungkinan beak kabeh
> dipake subsidi, moal bisa dipake investasi ka hal2 anu produktif...
> atawa boa2 moal bisa ngabayar gaji PNS, da APBN kosong dipake subsidi
> jelema beunghar...
>
> ku lantaran subsidi BBM dicabut, harga2 narekel, tah di dieu kudu aya
> JPS... sabenerna mah bareto geus aya, ngan teu baleg nu ngurusna...
> jeung deuih nu nampana oge sarua loba nu teu balegna, abong-abong
> narima duit haratis, hayoh kalahka dipake anu teu pararuguh...
>
> ceuk uing mah, leungitkeun subsidi, benerkeun distribusi JPS jeung
> edukasi rahayat sangkan JPS bisa efektif...
>
> ^_^
> lain pedah pro SBY, komo JK mah...
>
> --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, "H
> Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Tah leres..lolobana urang kaasup mahasiswa..jeung LSM raresep janen
> pahlawan
> > kasiangan...Cobi tong sambarangan..nahan subsid teh ngabahayakeun
> ekonomi
> > nagara...kumaha..sok analisa ku nyalira...Anu anehna..tos aya fakta
> sareng
> > data anu jelas yen ngan 20% eta disubsidi dinikmatan ku golongan rakyat
> > cacah kaasup anu nganggo motor...mobil butut..kandaraan umum..taxi (lain
> > keur rakyat cacah da mahal)....sedengkeun anu 80% mah dinikmatan kunu
> > baleunghar anu boga mobil Kijang Innova...panther.....sedan honda
> > toyota....hyundai....KIA...Suzuki...Peugeot anu meuli BBM teu
> disubsidi mah
> > meureun..eta ge meureun ngan Mercy, Jaguar , Audi jeung mobil2 Import
> > langsung....janten para pulitisi...LSM.mahasiswa..teh ngagunakan
> isue anu
> > 20% keur tujuan anu teu jelas sacara ekonomi....sacara sosial..pan
> CEUNAH ku
> > BLT...Tapi ulah lepat oge peranan anu 80% golongan keur ngomporan
> demo kanu
> > 20% tea...ri soal harga mah BBM teu naek (hartosna subsidi teu
> dikirangan)
> > ari harga minyak dunia nerekel mah..pasti mangaruhan Ekonomi
> Indonesia anu
> > RAPBN bakal defisit gila2an...tungtungna inflasi..kulantaran pamarentah
> > nginjeuman duit ..keur ngali lobang tutup lobang...nepi ka iaaha ?/
> >
> >
> >
> > On 5/13/08, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > > Isuk pageto moal sarua jeung poe ayeuna. BBM kalah kumaha oge naek
> > > hargana da harga di dunya oge nerekel terus nu ceuk Kang Goldman
> Sach na
> > > sajeroning 24 bulan bisa nagog na $200 sa barrelna. Ayeuna bae nagog
> > > dina $120an geus oyag-oyagan. Kuring percaya pamarentah nangtukeun
> pilihan
> > > (opsi) nu pang hadena najan pasti pait. Teori, praktis, simulasi
> geus pasti
> > > dideres ku nu ahli2na, tinggal kumaha nyanghareupanana dina
> prak-prakanana.
> > > Mugi urang masih kandel jujurna. Mun enya loba nu miskin atuh
> laporanana
> > > kudu bener ulah mipinding kulantaran gengsi. Oge ulah jadi laletoy
> nu masih
> > > ajeg der ngaraku miskin. Ke matak paciweuh dina alokasi subsidi (duit,
> > > sandang pangan, kasehatan, atikan). Urang tingkatkeun kasadaran jeung
> > > solidaritas sosial. Gogorowokan di jalan, nyarita ngabusa di
> parlemen, di
> > > media oge bisa, tapi ceuk kuring mah mending tempo we tatangga
> jeung dulur2
> > > nu deukeut mun bisa bantu bantuan. Keur mah deuih di Jabar-Banten
> teh masih
> > > aya kantong2 kamiskinan, action we lah ulah ujug2 jadi "mewakili"
> tuluy
> > > nungtut2. Lieur lah
> > >
> > > Rek kritis? Mangga we talungtik jeung neang solusi manajemen
> paminyakan di
> > > urang ti produksi nepi ka distribusi.
> > > Rek praktis? Urang biasakeun hidup basajan, hemat...
> > > Rek apatis? Eta mah kumaha karep
> > > Rek pundung ka pamarentah? Wilujeng pundung we he...he....
> > >
> > > cag ah
> > > JP
> > >
> > > Makarya Mawa Raharja
>
> 
>

Kirim email ke