Leres Kang. Kuring tulas-tulis soal Teori Darwin teh keur ngingetkeun yen elmu 
pangaweruh bisa bentrok jeung kayakinan (ageman). Sanes wae teori Dawrin, tapi 
kahareup bakal loba masalah deui :
   
  1. Soal kloning. Ayeuna kakara ka sato, tapi bisa wae hiji waktu mah 
dipraktekkeun ka Jelema. Aya nagara nu ngalarang  ku alesan etika, tapi aya oge 
nagara nu nganggap teu naon-naon (Korea Selatan sigana paling ambisius soal 
kloning ieu)
   
  2. Keur urang Islam, bisa jadi masalah gede, lamun jantung Babi bisa ngaganti 
jantung manusa. Sabab cenah aya kacocogan antara Jantung Babi jeung Jantung 
manusa. Sedengkeun Jantung Chimpanse mah geus dicoba, jelemana hirup sanajan 
ukur sabulan. Ieu nu nguatkeun Teori Darwin yen manusa teh teu pati beda jauh 
jeung Chimpanse
   
  3. Soal kahirupan diluar Dunya. Ieu oge bisa masalah, sabab lamun kabuktian 
memang aya, bakal ngarobah loba cara mikir manusa, nu "manusa sentris" 
(mangkeluk pangmulyana).
   
  jrrd .......
   
  Sigana urang, kaum nu ngaku beragama kudu nyiapkeun mental keur nyanghareupan 
nu kararieu, sabab tangtu aya bangsa urang nu embung tinggaleun dina elmu 
pangaweruh, ngilu icikibung dina widang ieu.
   
  Nu jadi patarosan, ayeuna wae kakara nyebutkeun Teori Darwin, geus diragukeun 
kaislamanana, komo engke kahareup? Untung kuring mah teu digawe di widang ieu, 
kumaha nu digawe di widang ieu (Arkeologi, Anthropologi ragawi ....jrrd)?
   
  Nyanggakeun ......
   
   
  Baktos,
  WALUYA
  

joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Kirim email ke