Sakuringeun mah gampang (bilih aya nu sapaham nuhun teu sapaham atuh nyanggakeun ka pamadegan masing-masing) nyaeta : Teori Evolusi sae pikeun nambah pangaweruh mah, tapi soal ASAL MUASAL MANUSA, dan kuring mah ngagem agama Islam atuh mung percaya ka Qur'an & Hadis, sanes evolusi ti monyet, tapi ti Adam + Hawa. Kumaha lamun ngaku Islam tapi teu percaya asalna manusa teh ti Adam + Hawa, tapi leuwih percaya asalna ti monyet ? Eta mah kedah ditaroskeun ka jalmina leres henteu jadi Islamna. Baktos JT
--- On Tue, 6/3/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: Re[10]: [Urang Sunda] Kasus Teori evolusi..Darwin tea To: [email protected] Date: Tuesday, June 3, 2008, 2:47 PM ----- Original Message ----- From: gusaeni To: Waluya Sent: Tuesday, 03 June, 2008 2:24 PM Subject: Re[10]: [Urang Sunda] Kasus Teori evolusi..Darwin tea waluya : > > Buktina? bukuna ngabugbrug, artikelna nyampak, majalahna aya (Nature, > National Geographic), filmna sok diputer dina TV, dina internet tinggal > ngagoogle, mangga we pilarian ku nyalira. Kuring mah hoream, nyebutkeun > hiji-hiji, sarerea oge bisa aksess. Bisa ngabucey teu aya anggeusna, sabab > kudu faham heula naon Pithecantroups Erectus, Manusa Naenthedral, Manusa Cro > Magnon, Manusia "Solo" jeung nu pangakhirna Homo Floresnensis nu kapanggih > di Flores .... > gusaeni : upami evolusi leres aya kedahna seueur kapanggih patilasana, satiap panimuan anyar kedahna beuki nguatkeun teori darwin. Dina "The Origin of Species" Darwin nyanggemkeun : Hiji-hijina hambatan teorina dina catetan fosil nyaeta teu aya panimuan fosil, darwin ngaharepkeun panimuan fosil kahareupna beuki loba, tur bisa ngadukung teorina. Tapi, hiji-hiji panimuan ilmiah ngabuktikeun teori darwin teu aya dasarna. Catetan fosil ngabuktikeun yen jelema geus aya jutaan taun katukang anu wujudna sarua jeung jelema ayeuna, oge manusa geus aya di dunya lila pisan tanpa aya evolusi saeutik oge. Lamun kaun Darwinis jujur jeung Ilmiah, kuduna maranehna miceun anggapan yen manusa asalna ti monyet. > Baktos, > WALUYA wasalam -gusaeni- Internal Virus Database is out-of-date. Checked by AVG. Version: 7.5.524 / Virus Database: 269.23.16/1429 - Release Date: 5/12/2008 6:14 PM

