Hebat nya Kang W..kakara wae nyebut atanapi diskusi..angsung
diragukeun..Kaislamanna...Abdi hoyong psan eta anu ngomentaran kitu
ngajukeun tesis doktor kontra Teori Darwin  tapi nagnggo metoda elmu
pangaweruh..ulah hujan ayat...atanapi hujan surrah...

On 6/4/08, W Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Leres Kang. Kuring tulas-tulis soal Teori Darwin teh keur ngingetkeun
> yen elmu pangaweruh bisa bentrok jeung kayakinan (ageman). Sanes wae teori
> Dawrin, tapi kahareup bakal loba masalah deui :
>
> 1. Soal kloning. Ayeuna kakara ka sato, tapi bisa wae hiji waktu mah
> dipraktekkeun ka Jelema. Aya nagara nu ngalarang  ku alesan etika, tapi aya
> oge nagara nu nganggap teu naon-naon (Korea Selatan sigana paling ambisius
> soal kloning ieu)
>
> 2. Keur urang Islam, bisa jadi masalah gede, lamun jantung Babi bisa
> ngaganti jantung manusa. Sabab cenah aya kacocogan antara Jantung Babi jeung
> Jantung manusa. Sedengkeun Jantung Chimpanse mah geus dicoba, jelemana hirup
> sanajan ukur sabulan. Ieu nu nguatkeun Teori Darwin yen manusa teh teu pati
> beda jauh jeung Chimpanse
>
> 3. Soal kahirupan diluar Dunya. Ieu oge bisa masalah, sabab lamun kabuktian
> memang aya, bakal ngarobah loba cara mikir manusa, nu "manusa sentris"
> (mangkeluk pangmulyana).
>
> jrrd .......
>
> Sigana urang, kaum nu ngaku beragama kudu nyiapkeun mental keur
> nyanghareupan nu kararieu, sabab tangtu aya bangsa urang nu embung
> tinggaleun dina elmu pangaweruh, ngilu icikibung dina widang ieu.
>
> Nu jadi patarosan, ayeuna wae kakara nyebutkeun Teori Darwin, geus
> diragukeun kaislamanana, komo engke kahareup? Untung kuring mah teu digawe
> di widang ieu, kumaha nu digawe di widang ieu (Arkeologi, Anthropologi
> ragawi ....jrrd)?
>
> Nyanggakeun ......
>
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
> *joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> ------------------------------
> Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
> Answers<http://sg.rd.yahoo.com/mail/id/footer/def/*http://id.answers.yahoo.com/>
>
> 
>

Kirim email ke