akang pernah teu narima surelek SPAM? 
kuring sering, mun sakali-sakali mah mungkin teu nanaon, sanajan tetep
dihapus oge, da ngaranna SPAM mah angger weh SPAM
lamun sering2 teuing mah, salian ngahapus oge jadi keuheul pan?
da jadi ngaganggu atuh.

leres kedah ngajaga ukhuwah, nu kumaha ukhuwah teh? nu hoyong kenging
nyalira? nu teu ngaragangan batur?
sakaterang sim kuring mah, sagala rupina ge aya aturan.
di milis ieu aya aturan, aya nu ngatur
ari ngarasa hayang ngatur, wayahna kudu nyieun milis sorangan, atur ku
sorangan, neangan anggota sorangan.
kuring ge yakin, boh kuncen boh "owner" di milis ieu aya kakirangan,
tapi nyaa minimal atuh urang teh salaku nu numpang kudu "nyaho
maneh/tahu diri (cenah ceuk basa malayu mah), ngajenan ka para kuncen

sakaterang kuring mah, di milis ieu teu aya salahna mosting hal agama,
pulitik, ekonomi jrrd, NGAN kudu aya batesna, kudu ngaragangan oge
anggota2 nu lian.

mangga weh titenan eta nu jadi pipaseaeun teh, tos sabaraha lami
dibahas tur dipadungdengkeun? tos kapanggih acan solusina? henteu pan?
taahh kusabab henteu, nyaa entos weh atuh teu kudu dipadungdengkeun deui.
mangga titenan  arsipna, diaos hiji2 thread perihal eta, sim kuring
mah nyimpulkeun, yen nu dipadungdengkeun teh EDED bin EKEK, eta deui
eta deui, teu aya solusi alias BULAK BALIK BELEKOK mun ceuk urang ditu
mah..
nyaaa daripada kitu mah mending keneh dieureunan heula eta masalah teh.

atuh cenah bisi kurung batok, aah da teu kurung2 batok teuing, pan nu
dipermasalahkeun teh ulah bulak balik belekok teuing
sok wae alungkeun naon2 oge ari maksudna ulah kurung batokeun mah
ngan mun bulak balik belekok wae mah ceuk kuring eta nu ngaranna
KURUNG BATOK ASLI.

kuring mah lain ngomong ka nu pro atawa ka nu kontra, kuring mah
ngomong ka duanana, malahan ka tiluanana (termasuk nu teu pro atawa
kontra)
(naon deui nya?)

ah nyaaa sakitu weh heula ti sim kuring mah.

hapunten

dikdik, 
asli wanayasa pisan :-)


--- In [email protected], Tessar Wardhana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kuring mah teu ngarti naha meni kudu parasea nya?!
> 
> nu teu keyeng ngbahas agama nya tong dibukaan we atuh postingana,
kitu deui nu keyengna ngabahas kasundaan nya geura2 posting we atuh,
mun euweuh nu nyanggut nya wayahna we atuh tapi da teu kudu jadina
siga nyalahkeun karesep batur.
> 
> Nu penting mah UKHUWAH lin?
> 
> cag ah...
> 
> Baktos
> Tessar


Kirim email ke