panuju lah sok naon wae asal ngango Basa Sunda..supados pangaweruh urang teh motekar..nguping pangalaman batur...nguping hal anu eucreug..nguping hal2 anu teu euceug..keur diajar hirup..bekel engke..paeh....ukhuwah ..ceuk Arab na mah........
On 6/24/08, dicksvf <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > akang pernah teu narima surelek SPAM? > kuring sering, mun sakali-sakali mah mungkin teu nanaon, sanajan tetep > dihapus oge, da ngaranna SPAM mah angger weh SPAM > lamun sering2 teuing mah, salian ngahapus oge jadi keuheul pan? > da jadi ngaganggu atuh. > > leres kedah ngajaga ukhuwah, nu kumaha ukhuwah teh? nu hoyong kenging > nyalira? nu teu ngaragangan batur? > sakaterang sim kuring mah, sagala rupina ge aya aturan. > di milis ieu aya aturan, aya nu ngatur > ari ngarasa hayang ngatur, wayahna kudu nyieun milis sorangan, atur ku > sorangan, neangan anggota sorangan. > kuring ge yakin, boh kuncen boh "owner" di milis ieu aya kakirangan, > tapi nyaa minimal atuh urang teh salaku nu numpang kudu "nyaho > maneh/tahu diri (cenah ceuk basa malayu mah), ngajenan ka para kuncen > > sakaterang kuring mah, di milis ieu teu aya salahna mosting hal agama, > pulitik, ekonomi jrrd, NGAN kudu aya batesna, kudu ngaragangan oge > anggota2 nu lian. > > mangga weh titenan eta nu jadi pipaseaeun teh, tos sabaraha lami > dibahas tur dipadungdengkeun? tos kapanggih acan solusina? henteu pan? > taahh kusabab henteu, nyaa entos weh atuh teu kudu dipadungdengkeun deui. > mangga titenan arsipna, diaos hiji2 thread perihal eta, sim kuring > mah nyimpulkeun, yen nu dipadungdengkeun teh EDED bin EKEK, eta deui > eta deui, teu aya solusi alias BULAK BALIK BELEKOK mun ceuk urang ditu > mah.. > nyaaa daripada kitu mah mending keneh dieureunan heula eta masalah teh. > > atuh cenah bisi kurung batok, aah da teu kurung2 batok teuing, pan nu > dipermasalahkeun teh ulah bulak balik belekok teuing > sok wae alungkeun naon2 oge ari maksudna ulah kurung batokeun mah > ngan mun bulak balik belekok wae mah ceuk kuring eta nu ngaranna > KURUNG BATOK ASLI. > > kuring mah lain ngomong ka nu pro atawa ka nu kontra, kuring mah > ngomong ka duanana, malahan ka tiluanana (termasuk nu teu pro atawa > kontra) > (naon deui nya?) > > ah nyaaa sakitu weh heula ti sim kuring mah. > > hapunten > > dikdik, > asli wanayasa pisan :-) > > --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, Tessar > Wardhana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Kuring mah teu ngarti naha meni kudu parasea nya?! > > > > nu teu keyeng ngbahas agama nya tong dibukaan we atuh postingana, > kitu deui nu keyengna ngabahas kasundaan nya geura2 posting we atuh, > mun euweuh nu nyanggut nya wayahna we atuh tapi da teu kudu jadina > siga nyalahkeun karesep batur. > > > > Nu penting mah UKHUWAH lin? > > > > cag ah... > > > > Baktos > > Tessar > > >

