sabenerna mah nu inti kunaon si kuring ngaharepkeun masalah ahmadiyah-fpi-mubahalah jste kudu diheupkeun teh lain pedah aya hubungan atawa heunteu jeung kasundaan... nyaeta MATAK pi-PASEA-eun... pan sababaraha kali ge geus di sebutkeun "BOLAK-BALIK-BELEKOK"... mun diteruskeun hasil ngan pi-pasea-eun wungkul, padahal ayana milis ieu teh tadina keur manjangkeun babarayaan urang sunda nu aya sa alam dunya...
lain si kuring ngalarang atawa teu menang batur posting sagala hal di ieu milis, kuring ge satuju ku ayana sagala posting teh pangaweruh urang jadi nambahan... tah dina masalah ahmadiyah-fpi-mubahalah, nu pantes mah lain disebut ngalarang atawa teu meunang, ngan ceuk uing masalah posting eta mah geus CUKUP !!! ti masing-masing pihak geus posting dasar2 nu jadi pipikiranna... nya kitu deui nu mairan, geus ngaluarkeun pikiran2na sewang-sewangan... ngan ku lantaran geus kasawang yen kadituna bakal "BOLAK-BALIK-BELEKOK" jeung deuih hasilna lain manjangkeun babarayaan, mugia sadaya anggota milis tiasa ngartos naon hartosna : CUKUP !!! hampura Kang Ndud, lain rek ngalarang atawa teu menang neruskeun ngajentrekeun/ngabejerbeaskeun masalah ahmadiyah-fpi-mubahalah ieu, tapi mun bade diteruskeun wayahna via japri2 wae nya... di milis mah posting masalah ieu teh tos CUKUP alias CEKAP !!! tong ditambahan deui bisi belekok (hitutna bau...) matak mabok nu lian heuheuheu... ^_^ --- In [email protected], "ua duq" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > sabaraha persen kang nu dial up? cek kuring mah mayoritas atawa > lolobana mah make fasilitas kantor. sarua gorengna memang lamun loba > spam! ngan nu hiji keur sorangan nu hiji deui mah keur kantor haha... > > SPAM cek ki gugel nyaeta: imel rongsokan atawa imel nu teu dipikaharep. > > enya kitu imel-imel nu aya dina jejer nu reuneuh ku 'ahmadiyah' 'fpi' > 'pasea agama' kaasup spam?... ceuk kuring mah timana urang ningali > naon tujuan diadegkeun ieu milis nu rek ngomongkeun kasundaan. lamun > urang ningali kasundaan teh dina hal-hal nu nyangkut budaya sunda nu > ukur siliwangi, pajajaran, dangding, degung, cianjuran, kaganga, > sajarah jeung rea deui nu samodel. memang imel-imel jiga kitu teh > spam. ngan lamun kasundaan (urang sebut we budaya sunda) teh dilegaan > ditambah ku sagala rupa nu karandapan, nu dilakukeun, nu aya di > sabudeureun urang sunda. jigana imel-imel model kitu teh masih > kawengku kana tujuan ieu milis. eta cenah loba nu kaganggu, geuleuh, > masih ngarasa yen eta teh spam. nya ededekek balik deui we kana > pangajak kuring: RUPUS! atawa AYAK! > > eta deui cenah, kuncen geus ngaheupkeun. kuring mah ngarasa kuncen > lain raja nu ngaratuan ieu milis, pangawasa absolut nu sagala > omonganna kudu dijalankeun. kuring masih bisa protes. iwal mun ieu > milis memang geus diproklamirkeun jadi karajaan... kitu mah kuring rek > amit wae...

