nyaaa sakarep weh lah... deuk di milis heug deuk amit heug da euweuh nu maksa asup ka milis ngan ari ngaranna asup jadi anggota mah nya kudu ngaragangan ka nu jadi kuncen. sok posisikeun di dinya jadi kuncen emang kuncen teh lain raja. geus puguh ngaranna ge MILIS lain KARAJAAN. ngan sagala rupa ge aya aturana atuh kang, deuk di milis deuk di nagara, deuk di karajaan. pasti AYA ATURAN
kang, ideu akang teh alus, ngan jigana mah teu kabeh ngarti kumaha nga-RUPUS atawa ng-AYAK, da teu kabeh sarua elmuna jiga kangDudi nu nga-IT pisan :-). termasuk uing nu kadang2 muka email make HP. aya nu langsung muka di yahoo, aya nu make outlook, aya nu make OWA, aya nu make OMA, pasti loba nu lianna oge. pasti oge da can tangtu kabeh aya pasilitas RUPUS meureun.. --- In [email protected], "ua duq" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > sabaraha persen kang nu dial up? cek kuring mah mayoritas atawa > lolobana mah make fasilitas kantor. sarua gorengna memang lamun loba > spam! ngan nu hiji keur sorangan nu hiji deui mah keur kantor haha... > > SPAM cek ki gugel nyaeta: imel rongsokan atawa imel nu teu dipikaharep. > > enya kitu imel-imel nu aya dina jejer nu reuneuh ku 'ahmadiyah' 'fpi' > 'pasea agama' kaasup spam?... ceuk kuring mah timana urang ningali > naon tujuan diadegkeun ieu milis nu rek ngomongkeun kasundaan. lamun > urang ningali kasundaan teh dina hal-hal nu nyangkut budaya sunda nu > ukur siliwangi, pajajaran, dangding, degung, cianjuran, kaganga, > sajarah jeung rea deui nu samodel. memang imel-imel jiga kitu teh > spam. ngan lamun kasundaan (urang sebut we budaya sunda) teh dilegaan > ditambah ku sagala rupa nu karandapan, nu dilakukeun, nu aya di > sabudeureun urang sunda. jigana imel-imel model kitu teh masih > kawengku kana tujuan ieu milis. eta cenah loba nu kaganggu, geuleuh, > masih ngarasa yen eta teh spam. nya ededekek balik deui we kana > pangajak kuring: RUPUS! atawa AYAK! > > eta deui cenah, kuncen geus ngaheupkeun. kuring mah ngarasa kuncen > lain raja nu ngaratuan ieu milis, pangawasa absolut nu sagala > omonganna kudu dijalankeun. kuring masih bisa protes. iwal mun ieu > milis memang geus diproklamirkeun jadi karajaan... kitu mah kuring rek > amit wae... > > On Tue, Jun 24, 2008 at 10:16 AM, h_supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > nambahan Kang... > > salian ngaganggu kudu ngahapusan SPAM (topik nu teu nyambung jeung > > milis), aya deui nu kudu dipikiran mun rek posting di dieu, nyaeta > > keur wargi nu masih ngandelkeun keneh "dial up" jeung biayana > > ditanggung pribadi alias mayar sorangan mah ayana imel2 nu teu > > nyambung jeung milis atawa SPAM teh matak ngarugikeun, geus lila2 > > ngadownload "dial up" ari pek teh imelna pinuh kunu teu diperlukan... > > > > ku lantaran eta, bener tah pangajak Kang Dicky teh, urang kudu > > ngaragangan batur, keur mah deuih pan geus jentre ku Moderator/Kuncen > > geus di-heup-keun, atuh mun masih panasaran oge geus diusulkan ku Kang > > Jay-nDul, nyaeta sok we kadinyah japri-japrian... > > > > kaharti nya ?! nyaho arti ngaragangan batur ?! > > > > ^_^ > >

