sabaraha persen kang nu dial up? cek kuring mah mayoritas atawa
lolobana mah make fasilitas kantor. sarua gorengna memang lamun loba
spam! ngan nu hiji keur sorangan nu hiji deui mah keur kantor haha...

SPAM cek ki gugel nyaeta: imel rongsokan atawa imel nu teu dipikaharep.

enya kitu imel-imel nu aya dina jejer nu reuneuh ku 'ahmadiyah' 'fpi'
'pasea agama' kaasup spam?... ceuk kuring mah timana urang ningali
naon tujuan diadegkeun ieu milis nu rek ngomongkeun kasundaan. lamun
urang ningali kasundaan teh dina hal-hal nu nyangkut budaya sunda nu
ukur siliwangi, pajajaran, dangding, degung, cianjuran, kaganga,
sajarah jeung rea deui nu samodel. memang imel-imel jiga kitu teh
spam. ngan lamun kasundaan (urang sebut we budaya sunda)  teh dilegaan
ditambah ku sagala rupa nu karandapan, nu dilakukeun, nu aya di
sabudeureun urang sunda. jigana imel-imel model kitu teh masih
kawengku kana tujuan ieu milis. eta cenah loba nu kaganggu, geuleuh,
masih ngarasa yen eta teh spam. nya ededekek balik deui we kana
pangajak kuring: RUPUS! atawa AYAK!

eta deui cenah, kuncen geus ngaheupkeun. kuring mah ngarasa kuncen
lain raja nu ngaratuan ieu milis, pangawasa absolut nu sagala
omonganna kudu dijalankeun. kuring masih bisa protes. iwal mun ieu
milis memang geus diproklamirkeun jadi karajaan... kitu mah kuring rek
amit wae...

On Tue, Jun 24, 2008 at 10:16 AM, h_supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> nambahan Kang...
> salian ngaganggu kudu ngahapusan SPAM (topik nu teu nyambung jeung
> milis), aya deui nu kudu dipikiran mun rek posting di dieu, nyaeta
> keur wargi nu masih ngandelkeun keneh "dial up" jeung biayana
> ditanggung pribadi alias mayar sorangan mah ayana imel2 nu teu
> nyambung jeung milis atawa SPAM teh matak ngarugikeun, geus lila2
> ngadownload "dial up" ari pek teh imelna pinuh kunu teu diperlukan...
>
> ku lantaran eta, bener tah pangajak Kang Dicky teh, urang kudu
> ngaragangan batur, keur mah deuih pan geus jentre ku Moderator/Kuncen
> geus di-heup-keun, atuh mun masih panasaran oge geus diusulkan ku Kang
> Jay-nDul, nyaeta sok we kadinyah japri-japrian...
>
> kaharti nya ?! nyaho arti ngaragangan batur ?!
>
> ^_^
>
> --- In [email protected], "dicksvf" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>>
>> akang pernah teu narima surelek SPAM?
>> kuring sering, mun sakali-sakali mah mungkin teu nanaon, sanajan tetep
>> dihapus oge, da ngaranna SPAM mah angger weh SPAM
>> lamun sering2 teuing mah, salian ngahapus oge jadi keuheul pan?
>> da jadi ngaganggu atuh.
._,___



-- 
d-: dudi herlianto :-b
~karék cénah~

Kirim email ke