kuring ukur nganalogikeun ieu milis jeung nagara. nya lamun teu cop, hampura!...
lamun di ieu milis sora anggota kudu repeh lamun dihuit ku kuncen! bari anggota teu meunang nanya alesanna naon kudu repeh? enyaan kuring rek ka luar. bari na ge pan ka luarna kuring moal ieuh nganggu kalumangsungan ieu milis lin? malah matak tiis ceuli jigana. kuring protes ka dititah eureunna ngaromong ahmadiyah, fpi jeung sabangsana alatan kuring boga argumen. nu karitu ge asup kana kasundaan! asaan nepi ka kiwari ncan aya nu nolak kana argumen kuring. perkara ngarupus jeung ngayak. ngarupus (ngahapus/delete) ceuk kuring mah aya di sakabeh nu nyadiakeun imel. mun euweuh kabayang we pireuneuhna eta imel nu boga kapasitas kabates. mun ngayak, teuing tah. kuring karek boga pangalaman di dua imel. yahoo jeung gmail. jeung aya ayakanna.. -- dudi jago it sadunya! haha kagok asong lah geus dicap nga-IT pisan.... On Tue, Jun 24, 2008 at 7:09 PM, dicksvf <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > nyaaa sakarep weh lah... > deuk di milis heug > deuk amit heug > da euweuh nu maksa asup ka milis > ngan ari ngaranna asup jadi anggota mah nya kudu ngaragangan ka nu > jadi kuncen. sok posisikeun di dinya jadi kuncen > emang kuncen teh lain raja. geus puguh ngaranna ge MILIS lain > KARAJAAN. ngan sagala rupa ge aya aturana atuh kang, deuk di milis > deuk di nagara, deuk di karajaan. pasti AYA ATURAN > > kang, ideu akang teh alus, ngan jigana mah teu kabeh ngarti kumaha > nga-RUPUS atawa ng-AYAK, da teu kabeh sarua elmuna jiga kangDudi nu > nga-IT pisan :-). termasuk uing nu kadang2 muka email make HP. > aya nu langsung muka di yahoo, aya nu make outlook, aya nu make OWA, > aya nu make OMA, pasti loba nu lianna oge. pasti oge da can tangtu > kabeh aya pasilitas RUPUS > > meureun.. > > --- In [email protected], "ua duq" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> >> sabaraha persen kang nu dial up? cek kuring mah mayoritas atawa >> lolobana mah make fasilitas kantor. sarua gorengna memang lamun loba >> spam! ngan nu hiji keur sorangan nu hiji deui mah keur kantor haha... >> >> SPAM cek ki gugel nyaeta: imel rongsokan atawa imel nu teu dipikaharep. >> >> enya kitu imel-imel nu aya dina jejer nu reuneuh ku 'ahmadiyah' 'fpi' >> 'pasea agama' kaasup spam?... ceuk kuring mah timana urang ningali >> naon tujuan diadegkeun ieu milis nu rek ngomongkeun kasundaan. lamun >> urang ningali kasundaan teh dina hal-hal nu nyangkut budaya sunda nu >> ukur siliwangi, pajajaran, dangding, degung, cianjuran, kaganga, >> sajarah jeung rea deui nu samodel. memang imel-imel jiga kitu teh >> spam. ngan lamun kasundaan (urang sebut we budaya sunda) teh dilegaan >> ditambah ku sagala rupa nu karandapan, nu dilakukeun, nu aya di >> sabudeureun urang sunda. jigana imel-imel model kitu teh masih >> kawengku kana tujuan ieu milis. eta cenah loba nu kaganggu, geuleuh, >> masih ngarasa yen eta teh spam. nya ededekek balik deui we kana >> pangajak kuring: RUPUS! atawa AYAK! >> >> eta deui cenah, kuncen geus ngaheupkeun. kuring mah ngarasa kuncen >> lain raja nu ngaratuan ieu milis, pangawasa absolut nu sagala >> omonganna kudu dijalankeun. kuring masih bisa protes. iwal mun ieu >> milis memang geus diproklamirkeun jadi karajaan... kitu mah kuring rek >> amit wae... >> >> On Tue, Jun 24, 2008 at 10:16 AM, h_supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> > nambahan Kang... >> > salian ngaganggu kudu ngahapusan SPAM (topik nu teu nyambung jeung >> > milis), aya deui nu kudu dipikiran mun rek posting di dieu, nyaeta >> > keur wargi nu masih ngandelkeun keneh "dial up" jeung biayana >> > ditanggung pribadi alias mayar sorangan mah ayana imel2 nu teu >> > nyambung jeung milis atawa SPAM teh matak ngarugikeun, geus lila2 >> > ngadownload "dial up" ari pek teh imelna pinuh kunu teu diperlukan... >> > >> > ku lantaran eta, bener tah pangajak Kang Dicky teh, urang kudu >> > ngaragangan batur, keur mah deuih pan geus jentre ku Moderator/Kuncen >> > geus di-heup-keun, atuh mun masih panasaran oge geus diusulkan ku Kang >> > Jay-nDul, nyaeta sok we kadinyah japri-japrian... >> > >> > kaharti nya ?! nyaho arti ngaragangan batur ?! >> > >> > ^_^ ,___ -- d-: dudi herlianto :-b ~karék cénah~

