reuni poe saptuna aya kuliah umum, ku juragan menteri negara
lingkungan hidup nu lulusan arsitektur itb (61- duka 71), juragan
Rachmat Witular tea, rakana Wimar Witular, jeung ku juragan hatta
rajasa, menteri sekretaris negara nu oge ketua alumni.

salah sahiji jejer nu dialungkeun juragan RW teh eta, resource curse,
alias supata sumber daya (kutukan sumerdaya). cenah di urang teh
sagala aya, sumber daya alam loba, nepi ka aya babasan, indonesia
subur makmur loh jinawi jst. da enya atuh, ti  minyak, gas, batubara,
tembaga, kai, emas, boga jeung loba, tapi gening kieu wae? 

ari bangsa nu teu gaduh resource mah cenah, justeru tibalik. cara
hongkong nu ngan ukur boga batu, jepang kitu, singapura oge (sanajan
RW terus-terang nyebut yen manehna teu pati resep ka singapura-sigana
bongan  tukang nyumputkeun koruptor endonesia, jsb)

dina beakna sumber daya alam, aya nu can beak jeung can dipake, naon?
panonpoe jeung ombak laut cenah.

soal energi panonpoe mah, mangga ieu mah emutaneun tukang insinyur
mesin meureun. 

pidato juragan HR mah duka tah, da si kuring kaluar, nempo indung
budak bisi ripuheun ngajaga dua bati, nu hiji resep flying fox, nu
hiji lulumpatan dina jukut deukeut aula barat

Kirim email ke