RW teh taun 61..adina Wimar angkatan 63 Teknik Elektro..HR mah Teknik Perminyakan 70....Indo sagala aya...tapi teu tiasa ngalana kumargi teu boga dut..Lamun aya duit keur ngala..tah eta duitna dipaido heula...
On 8/12/08, mangjamal <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > reuni poe saptuna aya kuliah umum, ku juragan menteri negara > lingkungan hidup nu lulusan arsitektur itb (61- duka 71), juragan > Rachmat Witular tea, rakana Wimar Witular, jeung ku juragan hatta > rajasa, menteri sekretaris negara nu oge ketua alumni. > > salah sahiji jejer nu dialungkeun juragan RW teh eta, resource curse, > alias supata sumber daya (kutukan sumerdaya). cenah di urang teh > sagala aya, sumber daya alam loba, nepi ka aya babasan, indonesia > subur makmur loh jinawi jst. da enya atuh, ti minyak, gas, batubara, > tembaga, kai, emas, boga jeung loba, tapi gening kieu wae? > > ari bangsa nu teu gaduh resource mah cenah, justeru tibalik. cara > hongkong nu ngan ukur boga batu, jepang kitu, singapura oge (sanajan > RW terus-terang nyebut yen manehna teu pati resep ka singapura-sigana > bongan tukang nyumputkeun koruptor endonesia, jsb) > > dina beakna sumber daya alam, aya nu can beak jeung can dipake, naon? > panonpoe jeung ombak laut cenah. > > soal energi panonpoe mah, mangga ieu mah emutaneun tukang insinyur > mesin meureun. > > pidato juragan HR mah duka tah, da si kuring kaluar, nempo indung > budak bisi ripuheun ngajaga dua bati, nu hiji resep flying fox, nu > hiji lulumpatan dina jukut deukeut aula barat > > >

