Ari kuring mah dibejaan ku hiji ahli demografi, yen Endonesia teh cenah beunghar ku kakayaan alam, lain sumber daya alam. Sumber daya alam mah ngan sabagian wae tina kakayaan alam. Konsep kakayaan sumber daya alam (SDA), geus tinggaleun jaman. Sabab dina kakayaan alam aya sumber daya anu sifatna "intangible", kayaning adat istiadat, titinggalan arkeologi, budaya hiji suku, bahasa, jeung rea-rea deui. baktos, mrachmat uidipura.
--- On Tue, 8/12/08, mangjamal <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: mangjamal <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [Urang Sunda] Resource Curse..! To: [email protected] Date: Tuesday, August 12, 2008, 12:58 PM reuni poe saptuna aya kuliah umum, ku juragan menteri negara lingkungan hidup nu lulusan arsitektur itb (61- duka 71), juragan Rachmat Witular tea, rakana Wimar Witular, jeung ku juragan hatta rajasa, menteri sekretaris negara nu oge ketua alumni. salah sahiji jejer nu dialungkeun juragan RW teh eta, resource curse, alias supata sumber daya (kutukan sumerdaya). cenah di urang teh sagala aya, sumber daya alam loba, nepi ka aya babasan, indonesia subur makmur loh jinawi jst. da enya atuh, ti minyak, gas, batubara, tembaga, kai, emas, boga jeung loba, tapi gening kieu wae? ari bangsa nu teu gaduh resource mah cenah, justeru tibalik. cara hongkong nu ngan ukur boga batu, jepang kitu, singapura oge (sanajan RW terus-terang nyebut yen manehna teu pati resep ka singapura-sigana bongan tukang nyumputkeun koruptor endonesia, jsb) dina beakna sumber daya alam, aya nu can beak jeung can dipake, naon? panonpoe jeung ombak laut cenah. soal energi panonpoe mah, mangga ieu mah emutaneun tukang insinyur mesin meureun. pidato juragan HR mah duka tah, da si kuring kaluar, nempo indung budak bisi ripuheun ngajaga dua bati, nu hiji resep flying fox, nu hiji lulumpatan dina jukut deukeut aula barat

