Nya eta ..matakna kirang populer anu intangible teh...kulantaran hese di
konversi kana EMV...Inget aman Bung karno..Endonesia loba "kakayaan"..budaya
pulitik...seni...tapi tetep wae SDA anu jadi inceran anu kudu dikalola make
duit (modal)......

On 8/12/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>      Ari kuring mah dibejaan ku hiji ahli demografi, yen Endonesia teh
> cenah beunghar ku kakayaan alam, lain sumber daya alam. Sumber daya alam mah
> ngan sabagian wae tina kakayaan alam. Konsep kakayaan sumber daya alam
> (SDA), geus tinggaleun jaman. Sabab dina kakayaan alam aya sumber daya anu
> sifatna "intangible", kayaning adat istiadat, titinggalan arkeologi, budaya
> hiji suku, bahasa, jeung rea-rea deui.
>
> baktos,
>
> mrachmat uidipura.
>
> --- On *Tue, 8/12/08, mangjamal <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>
> From: mangjamal <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: [Urang Sunda] Resource Curse..!
> To: [email protected]
> Date: Tuesday, August 12, 2008, 12:58 PM
>
>  reuni poe saptuna aya kuliah umum, ku juragan menteri negara
> lingkungan hidup nu lulusan arsitektur itb (61- duka 71), juragan
> Rachmat Witular tea, rakana Wimar Witular, jeung ku juragan hatta
> rajasa, menteri sekretaris negara nu oge ketua alumni.
>
> salah sahiji jejer nu dialungkeun juragan RW teh eta, resource curse,
> alias supata sumber daya (kutukan sumerdaya). cenah di urang teh
> sagala aya, sumber daya alam loba, nepi ka aya babasan, indonesia
> subur makmur loh jinawi jst. da enya atuh, ti minyak, gas, batubara,
> tembaga, kai, emas, boga jeung loba, tapi gening kieu wae?
>
> ari bangsa nu teu gaduh resource mah cenah, justeru tibalik. cara
> hongkong nu ngan ukur boga batu, jepang kitu, singapura oge (sanajan
> RW terus-terang nyebut yen manehna teu pati resep ka singapura-sigana
> bongan tukang nyumputkeun koruptor endonesia, jsb)
>
> dina beakna sumber daya alam, aya nu can beak jeung can dipake, naon?
> panonpoe jeung ombak laut cenah.
>
> soal energi panonpoe mah, mangga ieu mah emutaneun tukang insinyur
> mesin meureun.
>
> pidato juragan HR mah duka tah, da si kuring kaluar, nempo indung
> budak bisi ripuheun ngajaga dua bati, nu hiji resep flying fox, nu
> hiji lulumpatan dina jukut deukeut aula barat
>
>
>
>
> 
>

Kirim email ke