Wah.... ngiring bingah ka Kang Mumu... Mugi2 nyuprih elmuna 'bangenan'...

On Wed, Aug 13, 2008 at 7:28 AM, MRachmat Rawyani wrote:

>   Ceuk cenah mah, justru kakayaan budaya ieu modal (kapital) anu
> dipilarian ku para turis ti mancanagara. Upama kakayaan alam mah, bangsa
> deungeun oge tiasa ngokolakeun. Tapi kakayaan budaya ieu teu sadaya bangsa
> deungeun tiasa ngariksa.
>
> Kamari rerencangan kuring, salah sawios dosen Sastra Jawa Kuno, kenging
> waragad kanggo tolab ilmi program S3 di Walanda. Diwaragadan kalayan teu aya
> iketan naon-naon dugi ka rengse ngagondol doktor. Upama dijumlah jamleh mah
> waragadna aya dugi ka 1 milyar rupiah. Aya limaan anu kenging beasiswa
> samilyar, diantawisna kang Mumu/SIMPAY (anu neuleuman basa Sunda kuno,
> kaahlianana di widang filologi). Anu masihan waragadna teh sanes pamarentah
> asing atanapi pamarentah RI. Tapi hiji yayasan swasta  Endonesia, anu
> gaduhna teh "jalmi jegud", upami disebatkeun didieu pasti uninga lah. Tapi
> asa teu merenah upami ku kuring disebatkeun didieu.
>

Kirim email ke